Kagiatan Diajar Latihan Modul A PKB Bahasa Sunda untuk SMA SMK Edisi Revisi 2017 BS SMA MODUL A 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 120 4 KD  Purwakanti laras purwa, nyaéta murwakanti engang awal kecap, boh rantayan boh runtuyan. Dina jangjawokan di luhur mah runtuyan antarpadalisan Dideuleu ti hareup sieup Disawang ti ukang lenjang Ditilik ti gigir lenggik  Purwakanti laras maduya, nyaéta purwakanti antarpadalisan nu ayana di tengah ungkara padalisan: Dideuleu ti hareup sieup Disawang ti tukang lenjang Ditilik ti gigir lenggik Dina jangjawokan di luhur ogé aya babandingan gaya basa ngupamakéun, anu mindeng kapanggih dina karya sastra buhun saperti carita pantun: Nya tarang lancah mentrangan Nya halis katumbirian Nya irung kuwung-kuwungan

D. Kagiatan Diajar

Saréngséna Sadérék niténan pedaran matéri pangjaran ka 4 anu patali jeung Ngungkulan Héséna Siswa Diajar Basa Sunda. Kumaha aya kelemeng- kelemeng atawa henteu? Mun acan aya kelemeng, komo deui nyangkem sakabéhna matéri nu dipedar, pék balikan deui macana. Dina lumangsungna maca, sing tengét naon anu dianggap penting ku Sadérék, hég catet. Ku lantaran kitu, salawasna Sadérék kudu nyayagikeun pulpén jeung buku catétan husus. Sing ingét anu jadi téma dina pangajaran ka 4 téh ngungkulan héséna siswa diajar basa Sunda. Ti mimiti faktor guru nepi ka faktor lingkungan, ésénsi pesenna kudu kacangkem ku Sadérék. Upama Sadérék geus nyangkem pedaran matéri di luhur, satuluyna Sadérék métakeun boh dina wangun angket boh wawancara ka murid, hasilna tuluy ditabulasikeun. Hasil tina tabulasi, ku Sadérék bisa dicindekkeun faktor naon anu jadi hésé pikeun siswa enggoning diajar basa Sunda? PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 121 Lamun pasualan héséna téa geus kapanggih, Sadérék bisa nangtukeun sikep. Rék kumaha jeung kudu kumaha? Jigana waé pasualan “hésé” pikeun siswa dina diajar basa Sunda hususna, geus jadi rahasiah umum. Ku lantaran kitu, kacida hadéna éta pasualan téh dipadungdéngkéun jeung babaturan saprofési Sadérék, boh di lingkungan kelompok Sadérék, boh di lingkungan komunitas saprofési anu leuwih lega.

E. Latihan

Pigawé soal-soal ieu di handap kalawan daria tur pinuh ku sumanget 1. Terangkeun naon nu dimaksud kakawihan téh? 2. Naon sababna kakawihan dibédakeun tina kawih? Tetelakeun alesanana 3. Dumasar fungsina, kakawihan téh dibagi sabaraha rupa? Terangkeun hiji- hjina léngkép jeung contona 4. Ari rumpaka kakawihan maké aturan anu matok cara pupuh atawa henteu? Tetelakeun alesanana 5. Ari nu dimaksud ritme jeung wirahma dina kakwihan kumaha? Jéntrékeun Baca heula rumpaka kawih ieu di handap PAHLAWAN Sanggian: Mang Koko Teu honcéwang sumoréang Tékadna pahlawan bangsa Cadu mundur pantrang mulang Mun maksud tacan laksana. Berjuang keur lemah cai Lali rabi tégang pati Taya basa ménta pamulang tarima Iklas rido keur korban merdéka Sinatria dananlaga Béla bangsa jeung nagara Dibarengan tékad suci Berjuang keur lemah cai Teu ngingetkeun ka dirina Asal bangsa nagri jaya Bisa jembar merdéka mukti wibawa Jasa tujuan pahlawan bangsa Jawab atawa tétélakeun sakur pananya atawa paréntah ieu di handap PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 122 4 KD 6. Nyaritakeun naon rumpaka kawih di luhur téh? 7. Kumaha watek pahlawan ceuk éta rumpaka kawih? 8. Naon tujuan pahlawan téh ceuk éta rumapaka kawih? 9. Naon bédana rumpaka kawih jeung rumpaka tembang? 10. Naon baé unsur lahirian jeung unsur batiniah rumpaka kawih? Naon sababna bet sarua jeung unsur-unsur sajak? 11. Naon ari mantra? 12. Nurutkeun pamanggih Sadérék, ari mantra mangrupa pituin kasusastraan Sunda lain? Jelaskeun naon sababna 13. Kaasup kana wangun naon ari mantra? Naha? Jelaskeun 14. Naon bedana guruwilangan jeung gurulagu dina manatra? 15. Naon un disebut purwakanti dina mantra?

F. Tingkesan