Nurutkeun Téori Nativistik

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 85 Tabél 3.2 Kamekaran Kabeungharan Kecap pikeun Budak No Umur taun Kabeungharan Kecap nu Dipibanda 1 1 Ukur sababara kecap 2 2 200 tepi ka 270 kecap 3 3 Kurang leuwih 900 kecap 4 4 Kurang leuwih 1520 kecap 5 5 Kurang leuwih 2060 kecap 6 6 Kurang leuwih 2550 kecap Nu dimaksud kabeungharan kecap nu dipibanda ku budak sakumaha disebutkeun dina tabél di luhur téh nyaéta budak bisa nyebutkeun ngaran barang anu nyata nu karandapan atawa katingali ku dirina, unggal wangun basa nu katarima ku dirina ngébréhkeun yén tiap kecap téh sarua jeung mibanda hiji konsép. Ceuk Sudaryat Soléhudin 2009:22 ari kamekaran sintaksis budak anu aya patalina jeung kamekaran morfologis téh diebrhkeun ku ayana budak geus mibanda kecap asal jeung kecap jembar konpleks dianggap sawangun baé. Ngajembarkeun sintaksis téh ngawéngku tahapan kayaning: 1. Ngajembarkeun sacabang 10 – 12 bulan 2. Ngajembarkeun dua cabang 18 – 24 bulan 3. Ngajembarkeun opat cabang 3 – 6 taun 4. Ngajembarkeun génep tepi ka dalapan caban 7 -9 taun Aya sababaraha ahli anu nembrakkeun pahamna ngeunaan babanda basa budak, di antarana nya éta:

1. Nurutkeun Téori Nativistik

Paham nativistik mentalistik anu dikokojoan ku Noam Chomsky nganggap yén pangaruhan lingkungan lain faktor penting dina mibanda basa, lantaran manusa diajar basana téh saéstuna geus boga kamampuh anu geus diprogram sacara jénétik. Paham ieu boga anggapan yén basa téh mangrupa kudrat biologis nu sok disebut ogé “hipotesis nurani” innteness hypotéhsis. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 86 Nurutkeun paham nativistik nyebutkeun yén basa téh dipimlikna ngan ku manusa wungkul. Hal ieu alesanana dumasar kana 1 paripolah nu ngagunakeun mangrupa turunan génetic, pola kamekaran basa katut budaya sarua jeung basa-basa lianna universal, lingkungan sabudeureun teu pati géde pangaruhna kana tumuwuhna kadewasaan basa; 2 basa bisa kacangkem dina waktu anu ngan sakeudeung umur 4 taun téh geus bisa nyarita cara kolotna; jeung 3 lingkungan basa budak henteu bisa dipaksakeun pikeun ngawasa kamampuh tatabasa cara anu geus sawawa. Ceuk Chomsky dina Sudaryat jeung Soléhudin 2009:23-24 nyebutkeun yén budak téh geus dibekelan ti dituna sacara alamiah kamampuh pikeun ngawasa basa languagé acquisition devideLAD. LAD téh mangrupa alat biologis anu diteundeun dina otak anu fungsi husus pikeun kapentingan basa. Ceuk Lenneberg dina Sudaryat jeung Soléhudin 2009:24, nétélakeun yén basa téh mangrupa paripolah anu secara husus bisa ngébréhkeun kaparigelan panyaturna. Minangka kamampuh sampakan, LAD téh ngawéngku hal-hal: a. Pikeun ngabédakeun sora basa kana sajumlah sora-sora nu laina; b. Kaparigelan ngaorganisasikeun babagian basa kana tahapan anu éngkéna bakal ngarékahan; c. Kaweruh basa anu mungkin jeung teu mungkin; jeung d. Kaparigelan makihikeun sistem basa anu dumasar kana sistem ajén-inajén kamekaran linguistik nepi ka bisa kajadian kaparigelanana bakal ngaleuwihan tina kamampuh nu geus tangtukeun. Ku éta katerangan nuduhkeun yén LAD téh bisa narawangan kamampuhna dina mibanda basa, upamana waé anu patali jeung ma‟na, abstaksi, jeung kréativitas.

2. Nurutkeun Téori Béhavioristik