Jangjawokan Pedaran Matéri 1. Wangun jeung Rumpaka Kakawihan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 118 4 KD Nyi ara-ara Nyi iri-iri Ulah sok jail ka adi Tuh, da sia bawa ngajadi Jepme neng si abang bayi Tina naskahGaluring Sastra

e. Rajah Pamunah

Rajah pamunah dipapatkeun maksudna sangkan salamet, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang, saperti barang aya nu maling, keuna ku panggawé batur, kasiku, jeung sajabana. Contona: RAJAH PAMUNAH BISI HARTA BANDKEUNA KU LONGLONGAN Bismillahirrohmanirrohim Nini Raja Puhara Aki Raja Puhara Ulah iri ka pepelakan aing Maring paré maring sipat sajeneng Kalawan ingsun sasipat Kalawan ingsun maujud Maring datulloh Maring béas sajéneng Kalawan ingsun maujud Maring datulloh Seuri asih ka bangsa tunggal kagungan Seuri suci mulya badan Sampurna tunggal iman Ambu pancering iman Bapa tangkaling iman Gagang aing gagang iman ….jst. Tina naskah Galuring Sastra Salian ti éta, aya deu ianu disebut pileumpeuhan, pilengkétan, pangemat, kasemaran, karahayuan, jsb. Minangka conto mantra, sakitu baé heula. Urang teruskeun kana jangjawokan.

f. Jangjawokan

Jangjawokan dipapatkeun pikeun menta kasalamétan; upama arék ngamimitian hiji pagawéan. Contona: JANGJAWOKAN PARANTI DI WEDAK PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 119 Pupur aing pupur panyambur Panyambur panyangling rupa Nyalin rupa ti déwata Nyalin sari Widadari Nya tarang lancah mentrangan Nya halis katumbirian Nya irung kuwung-kuwungan Dideuleu ti hareup sieup Disawang ti tukang lenjang Ditilik ti gigir lenggik Mangka welas mangka asih ka nu dipupur Diténjo ku saider buana kabéh Dicutat tina Pedaran Sastra Sunda Upama ku urang ditengetan, jangjawokan di luhur téh leubeut ku purwakanti, boh purwakanti rantayan boh runtuyan. Ari anu disebut purwakanti téh nyaéta padeukeutna sora kecap-kecap dina ungkara kalimah atawa gabungan kecap. Purwakanti nu aya dina jangjawokan di luhur téh kawilang euyeub, di antarana baé:  Purwakanti pangluyu, nyaéta purwakanti anu ngaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap saungkara atawa sapadalisan. Pupur aing pupur panyambur Nyalin sari Widadari Disawang ti tukang lenjang,jsté.  Purwakanti margaluyu, nyaéta kecap tina tungtung padalisan, dibalikeun deui dina awal padalisan sapandeurieunana: Pupur aing pupur panyambur Panyambur panyangling rupa  Purwakanti mindoan kawit, nyaéta aya kecap-kecap anu dipindo dina awal padalisan: Nyalin rupa ti Déwata Nyalin sari Widadari Nya tarang lancah mentrangan Nya halis katumbirian Nya irung kuwung-kuwungan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 120 4 KD  Purwakanti laras purwa, nyaéta murwakanti engang awal kecap, boh rantayan boh runtuyan. Dina jangjawokan di luhur mah runtuyan antarpadalisan Dideuleu ti hareup sieup Disawang ti ukang lenjang Ditilik ti gigir lenggik  Purwakanti laras maduya, nyaéta purwakanti antarpadalisan nu ayana di tengah ungkara padalisan: Dideuleu ti hareup sieup Disawang ti tukang lenjang Ditilik ti gigir lenggik Dina jangjawokan di luhur ogé aya babandingan gaya basa ngupamakéun, anu mindeng kapanggih dina karya sastra buhun saperti carita pantun: Nya tarang lancah mentrangan Nya halis katumbirian Nya irung kuwung-kuwungan

D. Kagiatan Diajar

Saréngséna Sadérék niténan pedaran matéri pangjaran ka 4 anu patali jeung Ngungkulan Héséna Siswa Diajar Basa Sunda. Kumaha aya kelemeng- kelemeng atawa henteu? Mun acan aya kelemeng, komo deui nyangkem sakabéhna matéri nu dipedar, pék balikan deui macana. Dina lumangsungna maca, sing tengét naon anu dianggap penting ku Sadérék, hég catet. Ku lantaran kitu, salawasna Sadérék kudu nyayagikeun pulpén jeung buku catétan husus. Sing ingét anu jadi téma dina pangajaran ka 4 téh ngungkulan héséna siswa diajar basa Sunda. Ti mimiti faktor guru nepi ka faktor lingkungan, ésénsi pesenna kudu kacangkem ku Sadérék. Upama Sadérék geus nyangkem pedaran matéri di luhur, satuluyna Sadérék métakeun boh dina wangun angket boh wawancara ka murid, hasilna tuluy ditabulasikeun. Hasil tina tabulasi, ku Sadérék bisa dicindekkeun faktor naon anu jadi hésé pikeun siswa enggoning diajar basa Sunda?