Modél Pangajaran Éféktif

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 50 Gambar 2.6 Adegan situasi prosés diajar ngajar nu kréatif Dokumen Dedeh Fadilah Ceuk Mulyasa dina Sudaryat 2013 mikir kréatif téh aya opat tahapan, nya éta: 1 persiapan tatahar, nyaéta prosés ngumpulkeun informasi pikeun diuji; 2 inkubasi, nyaéta mikiran hiji hal merenungkan anu dijadikeun hipotesis informasi nepi ka éta hipotésis téh dianggap rasional; 3 iluminasi, nyaéta dianggap yén éta hipotesis téh yakin bener; 4 vérifikasi, nyaéta hipotésis téh diuji bener-henteuna anu engkéna dijadikeun rékoméndasi, konsép atawa tiori. Siswa bisa disebut kréatif lamun bisa nyiptakeun hal anu sifatna anyar hasil tina prosés kagiatan diajar ngajar jeung hasil tina prosés mikirna, boh individual boh kelompok.

e. Modél Pangajaran Éféktif

Pangajaran téh bisa disebutkeun éféktif lamun mampuh mekelan pangalaman anyar ka parasiswa jeung ngawujudkeun hiji kaparigelan kompéténsi sarta ngabuktikeun yén anu jadi udagan pangajaran geus kahontal sagemblengna PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 51 optimal. Ieu téh kudu dibuktikeun ku cara ngalibetkeun parasiswa dina ngarencanakeun, ngalaksanakeun jeung prosés peniléyanan. Mémang kitu kuduna, yén sakabéhna siswa kudu milu aub sangkan tumuwuh rasa sugemana dina paripolah diajar, nepi ka ébréh yén kagiatan diajar ngajar téh bener-bener kondusif tujul kana udagan anu geus ditangtukeun sangkan mampuh ngawujudkeun kaparigelan kompéténsi siswana. Modél pangajaran éféktif téh meredih sangkan siswa sakabéhna aktif dina kagiatan diajar ngajar, lantaran maranéhna anu jadi puseur kagiatan anu engkéna bakal ngawujudkeun kaparigelan kompéténsi. Parasiswa kudu dideudeul dina lumangsungna proses kagiatan diajar sangkan mampuh nafsirkeun unggal informasi anu dipidangkeun ku guru nepi ka éta informasi téh bisa katarima ku akal sehatna. Dina lumangsungna prosés kagiatan diajar ngajar tangtu bakal katémbong ragotna adu rényom madungdéngkéun informasi anu dipidangkeun ku guru téa nepi ka maranéhna miboga kacindekan anu sarua. Modél pangajaran éféktif kudu dirojong ku kayaan lingkungan diajar anu kondusifnyumponan pamaredih. Ku lantaran kitu, guru diperedih sangkan bisa matéahkeun siswa, matéahkeun prosés kagiatan diajar ngajar, matéahkeun matéri pangajaran, jeung matéahkeun sakabéh sumber diajar. Nyiptakeun pangajaran anu éféktif téh teu bisa parsial, tapi kudu gémbleng ti mimiti ngararancang, prosés jeung évaluasina. Eféktivitas diiajar-ngajar téh mangrupa hiji sistem anu silih rojong geusan ngahontal anu jadi tujuan. Hasilna kagiatan diajar-ngajar téh nyoko kana kahontal jeung henteu anu jadi tujuan. Ari anu jadi tujuan utama tina kagiatan diajar-ngajar téh kapanan murid. Murid minangka subyék diajar- ngajar, ku lantaran kitu henteu salah mun nu diutamakéun téh nyiptakeun kaparigelan diajarna murid. Patali jeung éta, tugas guru téh nyoko kana tilu hal, nyaéta 1 minangka perencana guru kudu parigel matéahkeun sagala bahan nu nyampak: ti mimiti bahan ajar, média pangajaran, nangtukeun jeung milih téhnik katut metode, jrrd; 2 minangka nu ngokolakeun, guru kudu parigel matéahkeun PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 52 bahan katut waktu nu disayagikeun luyu jeung prosedurna; jeung 3 minangka évaluator, guru kudu parigel ngalaksankeun peniléyan naha lumangsung kagiatan diajar ngajar téh éféktif atawa henteu. Gambar 2.7 Adegan situasi diajar ngajar nu éfektif Dokumen Dedeh Fadilah Prosudur ngalaksanakeun pangajaran éféktif heula pandeurina nyaéta 1 ngayakeun appersépsi; 2 ngalampahkeun éksplorasi, nyaéta ngawanohkeun matéri poko jeung kompéténsi dasar anu baris dihontal ku cara ngagunakeun variasi metode; 3 ngayakeun konsolidsdi pangajaran nyaéta ngaaktifkeun parasiswa enggoning ngawujudkeun kaparigelan kompéténsi anu aya patalina jeung kahirupan sapopoé; 4 ngalaksanakeun évaluasi ku cara ngumpulkeun fakta jeung data sarta dokumen hasil diajar parasiswa anu tujuanana pikeun ngoméan program pangajaran ka hareup. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 53 Pikeun ngalaksanakeun pangajaran éféktif, guru kudu maliré kana hal-hal nu ditataan ieu, nyaéta: 1 matéahkeun tempat diajar; 2 matéahkeun siswa; 3 matéahkeun kagiatan diajar ngajar; 4 matéahkeun eusi pedaran materi; jeung 5 matéahkeun média jeung sumber pangajaran.

f. Modél Pangajaran Menyenangkan