PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
47
kagiatan diajar ngajar nyaéta kudu mampuh nyiptakeun suasana diajar ngajar anu kondusif, boh sacara internal boh sacara éksternal.
Ceuk pamanggih Rusman, 2010 nyebutkeun yén dina modél pamarekan PAKEM téh guru diperedih kudu bisa ngalaksanakeun kagiatan diajar ngajar
anu sacara langsung ngalibetkeun siswa nu sifatna partisipatif, aktif, kréatif, éféktif tur dipikaresepnyugémakéun anu muarana sangkan parasiswa mampuh
nyiptakeun karya, gagasan, pamanggih, jeung idéna téh meleg-meleg hasil tina usaha jeung pamanggihna sorangan, lain meunang guruna.
Ieu di handap dipedar ngeunaan sababaraha modél, kayaning modél pangajaran partisipatif, modél pangajaran aktif, modél pangajaran kréatif, modél pangajaran
éféktif, jeung modél pangajaran nyugemakéun menyenangkan.
b. Modél Pangajaran Partisipatif
Nu dimaksud modél pangajaran partisipatif téh nyaéta modél pangajaran anu ngalibetkeun siswa sagemblengna optimal dina lumangsung kagiatan
diajar-ngajar. Tegésna, siswa anu miboga peran dina prosés diajar ngajar téh, lain guru child centrestudent centre. Kagiatan diajar- ngajar téh
bakal miboga ajén-inajén nalika dina prosés sagemblengna dipasrahkeun ka parasiswa sangkan maranéhna daék aub icikibung partisipasi dina
sagala widang kagiatan diajar-ngajar.
Ari guru kalungguhanana dina kagiatan diajar ngajar modél partisipatif ieu nyaéta salaku médiator nyambungkeunngarahkeun jeung salaku
fasilitator nyaosan bubutuh parasiswa dina lumangsungna kagiatan diajar-ngajar`
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
48
Gambar 2.4 Adegan situasi prosés diajar ngajar partisifatif Dokumen Dedeh Fadilah
c. Modél Pangajaran Aktif
Modél pangajaran aktif nyaéta pamarekan pangajaran anu leuwih loba ngalibetkeun aktivitas siswa dina ngaksés informasi jeung élmu
pangawéruh anu bakal diguar babarengan dina prosés kagiatan diajar ngajar di kelas. Ku cara kitu maranéhna miboga pangalaman anu bisa
ngaronjatkeun kamampuh jeung kaparigelan.
Cara dina modél partisipatif, dina modél pangajaran aktif ieu ogé guru téh ukur boga kalungguhan anu sarua nyaéta salaku médiator jeung fasilitator
to facilitate of learning baé. Dina modél ieu siswa sakabéhna kudu aktif ngalaksanakeun kagiatan diajar, guru mah cukup méré arahan jeung
bimbingan baé.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
49
Gambar 2.5 Adegan situasi prosés diajar ngajar nu aktif Dokumen Dedeh Fadilah
d. Modél Pangajaran Kréatif
Ari dina modél pangajaran kréatif mah guru téh diperedih kudu parigel pikeun ngamotivasi jeung numuwuhkeun karancagéan kréativitas siswa
salila lumangsung prosés kagiatan diajar ngajar ku cara milih, nangtukeun jeung ngadumaniskeun metode anu mampuh numuwuhkeun kréativitas
siswa, boh ngaliwatan “kerja kelompok”, “bermain peran”, jeung “pemecahan masalah”. Modél pangajaran kréatif meredih guru sangkan
bisa numuwuhkeun kréativitas siswa, boh dina lebah kamampuh mikir boh dina lebah kaparigelan séjénna.
Ari mikir kréatif salawasna sok dimitian ku cara mikir anu kritis, calakan; tegesna anu saméméhna teu kapikiran ayeuna jadi kapikiran, atawa anu
saméméhna teu kapanggih ayeuna jadi kapanggih, anu saméméhna hésé ayeuna jadi babari. Mikir anu kritis téh kudu diaping jeung dibiasakeun
sangkan parasiswa jadi kréatif.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
50
Gambar 2.6 Adegan situasi prosés diajar ngajar nu kréatif Dokumen Dedeh Fadilah
Ceuk Mulyasa dina Sudaryat 2013 mikir kréatif téh aya opat tahapan, nya éta: 1 persiapan tatahar, nyaéta prosés ngumpulkeun informasi pikeun
diuji; 2 inkubasi, nyaéta mikiran hiji hal merenungkan anu dijadikeun hipotesis informasi nepi ka éta hipotésis téh dianggap rasional; 3
iluminasi, nyaéta dianggap yén éta hipotesis téh yakin bener; 4 vérifikasi, nyaéta hipotésis téh diuji bener-henteuna anu engkéna dijadikeun
rékoméndasi, konsép atawa tiori.
Siswa bisa disebut kréatif lamun bisa nyiptakeun hal anu sifatna anyar hasil tina prosés kagiatan diajar ngajar jeung hasil tina prosés mikirna, boh
individual boh kelompok.
e. Modél Pangajaran Éféktif