Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 34 Organisasi kelas nyaéta jumlah siswa nu aya di jero kelas bakal gédé pangaruhna kana lumangsungna prosés kagiatan diajar ngajar. Lamun eusi kelas loba teuing lumangsungna prosés kagiatan diajar ngajar moal éféktif lantaran moal kagéroh ku guruna. Ari sosial-psikologis nyaéta patula-patalina hubungan antara jalma anu kalibet langsung jeung paroses kagiatan diajar ngajar.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngangkem bahan ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana bahan kagiatan Diajar II. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui sarta deres deui bahan dina Kagiatan Diajar I, pangpangna bahan nu tacan kacangkem. Réfleksi jeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitas prosés pangajaran anu diilukan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis ngungkulan bangbaluh jeung ngundakkeun préstasi diajar murid SD, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyon tréng √ kolom “Can Kahontal”. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 35 No. Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat. 1. Ngalatih guru dina nganalisis ngungkulan bangbaluh jeung ngundakkeun préstasi diajar murid SMA kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. 2. Ngalelempeng guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis ngungkulan bangbaluh jeung ngundakkeun préstasi diajar murid SMA kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. Lajuning Laku: PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 36 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 37 KAGIATAN DIAJAR 2 NGARONJATKEUN POTENSI, PRÉSTASI JEUNG KREATIVITAS SISWA DINA DIAJAR BASA SUNDA

A. Tujuan

Saréngséna ngulik Kagiatan Diajar 2, Sadérék dipiharep meunang kamampuh ngeunaan cara ngaronjatkeun poténsi, préstasi jeung kréativitas siswa dina diajar basa Sunda kalawan meunang ajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi