Basa téh sipatna arbitrér Basa mangrupa simbul Basa hal anu produktif Basa téh mandiri unik

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 64 a. Basa mangrupa sistem Pangna basa disebut sistem nyaéta lantaran mangrupa beungkeutan dua unsur, tegesna unsur luar jeung unsur jero, wangun jeung eusi anu silih léngképan dumasar kana aturan nu tangtu pikeun ngahontal hiji harti. Pangna disebutkeun hiji sistem, basa téh mibanda sifat sistématis tur sistemik. Disebut sistématis, lantaran basa téh ngandung unsur-unsur anu puguh éntép seureuhna; ari disebut sistemik, lantaran basa téh mibanda pola atawa aturan anu dumuk sarta bisa diprédiksidiramalkeun, saperti: aturan fonologi, tatabasa jeung semantik.

b. Basa téh sipatna arbitrér

Pangna basa disebut arbitrér, lantaran patalina lambang sora jeung obyékna euwéuh hubungan logis sakarepna, sakahayangna, manasuka pamakéna. Contona: kecap imah dina basa Sunda anu hartina wawangun tempat pamatuhan, tempat betah bumétah; dina basa séjén mah diucapkeunana umah Jawa; rumah MelayuIndonesia, baitun Arab, haus Jerman, house Inggris.

c. Basa mangrupa simbul

Pangna basa disebut simbul atawa lambang atawa tanda nyaéta lantaran basa téh mangrupa gambaran tina konsép pikiran langue jeung gambar tina sora omongan parole. Basa mangrupa sistem tanda atawa lambang signe lingustique anu ngagambarkeun pikiran langue jeung omongan parolé. Langue mangrupa pikiran aturan, rumus anu aya dina otak manusa, sifatna homogén tur rélatif anggér; parole mangrupa omongan runtuyan sora anu kaluar tina baham, sistemna hétérogén tur rélatif robah.

d. Basa hal anu produktif

Pangna basa disebut produktif lantaran ari basa téh mangrupa sistem kognitif mikir anu diatur ku rumus-rumus anu unik tur bisa dimanipulasi ku panyaturna sangkan bisa ngahasilkeun mangpirang-pirang omongan anu lobana tan wates wangén. Digunakeun ku panyaturna pikeun alat komunikasi jeung mekarkeun élmu pangawéruh . PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 65 e. Basa sipatna universal Panga basa disebut universal nyaéta lantaran basa téh mibanda ciri-ciri umum anu dipiboga unggal basa, kayaning: yén basa téh dihasilkeun tina alat ucap manusa, unggal basa miboga wangun jeung eusi, unggal basa bisa robah ti waktu ka waktu, unggal basa miboga fungsi anu tangtu di komunitas para panyaturna.

f. Basa téh mandiri unik

Unik ngandung harti has, mandiri, husus, atawa béda ti nu séjén. Ieu katerangan téh karasana patukang tonggong jeung katerangan yén basa téh universal. Lamun kitu naon atuh nu saenya unik dina basa téh? Anu dimaksud unik dina basa téh nyaéta yén unggal basa téh miboga sistim, adegan, jeung kandaga kecap séwang-séwangan anu has tur mandi sarta teu kudu sarua jeung basa lianna. Malah anu jadi pangbéda hiji basa jeung basa séjénna pangpangna mah palebah kandaga kecap léksikon, ti dinya kakara adeganana. Ciri has anu dipibanda ku basa téh sipatna universal sakaligus unik. Upamana waé dina basa Sunda a ya kecap panganteur anu ngandung harti “aspék inkoaktif” saperti jung nangtung, gék diuk, léos indit, jst. Ieu kecap téh teu bisa ditarjamahkeun kana basa naon waé basa Indonésia upamana. Cicingna kecap anteuran aya di hareupeun jejer jeung caritaan pagawéan sarta mandiri ngawakilan kecap pagawéan caritaan. Contona: 1 Jung kuring indit ka luar.; 2 Kuring jung indit ka luar.; 3 Géura jung atuh

g. Basa téh komunikatif