PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
65 e. Basa sipatna universal
Panga basa disebut universal nyaéta lantaran basa téh mibanda ciri-ciri umum anu dipiboga unggal basa, kayaning: yén basa téh dihasilkeun tina alat ucap manusa,
unggal basa miboga wangun jeung eusi, unggal basa bisa robah ti waktu ka waktu, unggal basa miboga fungsi anu tangtu di komunitas para panyaturna.
f. Basa téh mandiri unik
Unik ngandung harti has, mandiri, husus, atawa béda ti nu séjén. Ieu katerangan téh karasana patukang tonggong jeung katerangan yén basa téh
universal. Lamun kitu naon atuh nu saenya unik dina basa téh?
Anu dimaksud unik dina basa téh nyaéta yén unggal basa téh miboga sistim, adegan, jeung kandaga kecap séwang-séwangan anu has tur mandi sarta teu
kudu sarua jeung basa lianna. Malah anu jadi pangbéda hiji basa jeung basa séjénna pangpangna mah palebah kandaga kecap léksikon, ti dinya kakara
adeganana.
Ciri has anu dipibanda ku basa téh sipatna universal sakaligus unik. Upamana waé dina basa Sunda a
ya kecap panganteur anu ngandung harti “aspék inkoaktif” saperti jung nangtung, gék diuk, léos indit, jst. Ieu kecap téh teu bisa
ditarjamahkeun kana basa naon waé basa Indonésia upamana. Cicingna kecap anteuran aya di hareupeun jejer jeung caritaan pagawéan sarta mandiri
ngawakilan kecap pagawéan caritaan. Contona:
1 Jung kuring indit ka luar.; 2 Kuring jung indit ka luar.;
3 Géura jung atuh
g. Basa téh komunikatif
Komunikatif sifat tina komunikasi. Dina enas-enasna mah komunikasi téh nepikeun “pesan” rasa, pikiran jeung kahayang ti panyatur atawa anu ngirim
pesan ka nu nampa pesan atawa anu diajak nyarita pamiarsa atawa nu maca ngaliwatan média basa.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
66
Dina seuhseuhanana kahirupan manusa téh henteu bisa dipisahkeun tina aspék komunikasi. Alat anu dipaké pikeun komunikasi nyaéta basa, boh lisan
boh tulisan. Komunikasi ngagunakeun basa disebutna komunikasi verbal, ari komunikasi henteu ngagunakeun basa alias ngagunakeun gerak obah-obahna
anggahota badan disebutna komunikasi non verbal, contona: gideug
– nuduhkeun embung; gugupay
– ngajak, jst. Basa mangrupa alat komunikasi manusa, ari basa téh mangrupa lambang sora
anu sifatna universal. Sajaba ti aya basa lisan sora ogé aya basa gerak body langugé. Boh basa lisan boh basa gerak duanana ogé sarua miboga fungsi
pikeun komunikasi.
h. Basa téh mijalma
Tumuwuhna basa téh ngan aya dina dunya manusa wungkul , da di dunya sasatoan mah teu dipiwanoh ayana kamekeran basa. Ari manusa téh
mangrupa mahluk sosial, hirupna henteu bisa nyorangan. Dina kahirupan sosialna geus tangtu bakal silih tembrakeun kahayang jeung kabutuh. Pikeun
nembrakeun kahayang jeung kabutuh téh ngagunakeun alat. Alat anu dipakéna taya lian nyaéta basa. ku lantaran kitu, basa téh geus jadi milik manusa anu teu
bisa lésot
– teu bisa dipisahkeun; ayana basa lantaran ayana manusa, kitu takdir-Na.
i. Basa téh budaya
Basa téh miboga sifat ngabudaya cultural lantaran salian ti basa mangrupa “unsur” budaya ogé jadi alat pikeun ngagedékeun jeung ngamekarkeun budaya.
Tanpa basa, budaya moal bisa mekar. Lantaran basa anu miboga peran penting dina budaya. Naon waé wangun jeung jirimna budaya tangtu
ngagunakeun basa; tegesna antara budaya jeung basa téh lir ibarat gula jeung amisna
– lain gula ngarana, laun teu amis. Ari anu jadi unsur badaya téh, nyaéta 1 pacabakan; 2 kamasarakatan; 3
élmu pangawéruh ; 4 pakakas, undagi, jeung téhnologi; 5 basa; 6 seni; jeung 7 agama katut réligi Koentjaraningrat, dina Sudaryat, 2013. Unsur-
unsur budaya bisa kagambarkeun dina basa.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
67 Jatidiri atawa Idéntitas Basa
Disawang tina karakteristik lahiriahna basa téh miboga ciri-ciri nyaéta 1 idéntitas fisik; 2 idéntitas psikologis; 3 idéntitas géografis; 4 idéntitas étnik; 5 idéntitas
sosiologis; jeung 6 idéntitas kontékstual Crystal, dina Yayat Sudaryat, 2013.
a. Idéntitas fisik