Wangenan Kaulinan Basa Pedaran Matéri

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 47 NurutkeunMontolalu, spk.. 2008:1.8-1.9 aya tilu tiori modern ngeunaan kaulinan. 1 Tiori Psikoanalisis 2 Tiori Perkembangan Kognitif 3 Tiori Vigotsky. Gambar 4.2: Tiori Modern Kaulinan Katilu tiori étatéh baris dipedar di handap ieu. 1 Teori Psikoanalisis:kaulinantéh alat anu kacida pentingna pikeun ngaleupaskeun sagala émosi tur mekarkeun rasa harga diri, waktu budak ngawasa fungsi-fungsi awakna, barang-barang di sabudeureunana, sarta kaparigelan-keparigelan sosial Sigmund Freud jeung Erik Erikson. 2 Tiori perkembangan kognitif: matalikeun kagiatan kaulinan jeung mekarna inteléktual. Jean Piaget 1963 miboga pamadegan yén budak baris nyiptakeun pangawéruhna ngeunaan dunyana sorangan ngaliwatan interaksi dina kaulinan. 3 Teori Vigotsky 1967: kaulinantéh baris nyiptakeun cara mikir jeung cara ngungkulan masalah.

2. Wangenan Kaulinan Basa

Montolalu, spk. 2008:1.3 ngajéntrékeunyén dumasar kana observasi, pangalaman, jeung panalungtikan para ahli, kaulinan miboga harti: 1 budak baris boga kasempétan pikeun mekarkeun poténsi-poténsi anu aya, 2 budak baris manggihan kakuatan, kahéngkéran, kamampuh, minat, jeung bakat dirina sorangan, 3 méré peluang sangkan budak mekar sagemblengna, boh fisikna, inteléktualna, basana, atawa paripolahna psikososial sarta émosina, 4 budak miboga kabiasaan ngagunakeun sakabéh pancaindrana nepi ka kalatih kalawan hadé, 5 Tiori Modern Kaulinan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 48 4 sacara alamiah ngamotivasi budak pikeun mikanyaho hiji hal leuwih jero deui. Kaulinan nyaéta hiji hal anu matak pikagumbiraeun. Inti tina kaulian basa, nyaéta sangkan barudaksiswa diajar basa dina kondisi anu pikaresepeun. Ieu hal luyu jeung pamadegan Gordon Lewis with Gunther Bedson 1999:11 yén “The core of language games are maké children can learn in joy condition .” Ngaliwatan kaulinan barudak bisa ngaéksprésikeun diri, manggihan rupa- rupa hal, jeung ngayakeun interaksi jeung lingkungan sabudeureunana. Lamun guru teu ngalakukeun kaulinan basa dina pangajaran basa Sunda, baris ngahambat siswa dina maham dunyana. Kaulinan basa pasti pikaresepeun. Ieu hal sajalan jeung pamadegan Lewis with Bedson 1999:5 anu miboga pamadegan ieu di handap. “Certainly, language games are fun. Games are also task based. Language is a tool for the children to réach a goal which is not directly language related. Differentiates language games from other activities is the presence of a visible set of rules which guide the ch ildren‟s actions, and an element of strategy- children‟s must successfully apply their language and other skills ” Pamadegan di luhur bisa dihartikeun yén kaulinan basa pasti pikabungaheun pikeun siswa. Kaulinan basa dumasar kana pancén. Basa mangrupa hiji alat pikeun siswa ngahontal tujuan-tujuan anu geus ditangtukeun anu teu langsung aya pakaitna jeung éta basa. Kauilinan basa teu kudu kompetitif, siswa bisa ogé ngagunakeun kamampuh basana kalawan stratégis dina kaulinan anu merlukeun gawé babarengan. Kaulinan basa mangrupa tantangan anu sehat pikeun kamampuh siswa dina ngaanalisis. Kumaha caranya ngaintegrasikeun kaulinan basa dina RPP basa Sunda? Sok sanajan kalawan tiori guru bisa ngajarkeun kaulinan basa Sunda dina kaulinan wungkul, tapi biasana kaulinan basa digunakeun salaku panglengkep dina kuirkulum inti, gumantung kana fleksibilitas program. Caranya, guru neng e tan PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 49 matéri-mat é ri poko basa Sunda anu h é ngk é r atawa anu teu aya dina KD, maka kaulinan basa asupkeun dina éta bagian . Salian ti éta, kaulinan basa ogé mantuan guru pikeun ngontrol ritme pangajaran, siswa anu kurang motivasi diajar bisa diajak aktif dina kaulinan basa. Kaulinan basa bisa digunakeun ogé pikeun ngawanohkeun matéri anyar, ngalatih hal-hal anu acan kacangkem ku siswa, ngawanohkeun tema-tema, atawa pikeun nyumangetan siswa sakelas. Ieu hal sajalan jeung pamadegan Lewis with Bedson 1999: 6-7 yén language games can help you control the rhythm of your lesson and get a group of unmotivated children up and moving around, participating in your class, and being more receptive to the rest of the lesson. Tina sabaraha pamadegan di luhur bisa dicindekkeun yén kaulinan basanyaéta kagiatan anu dilakukeun pikeun kasenangan, préstasi, muncul atas dasar kahayanga sorangan, diwarnaan ku émosi positif, fleksibel, leuwih nekenkeun kana prosés tibatan hasil, bisa bébas milih, tur ngaronjatkeun kompeténsi siswa dina pangajaran basa.

3. Mangpaat Kaulinan