Panganteur Téhnik Nanya dina Pangajaran Basa Sunda Wanda Pananya

19 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 KAGIATAN DIAJAR 2 TÉHNIK NANYA DINA PANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 2 ngawéngku ieu tujuan di handap: 1. Sanggeus maca pedaran materi, pamilon diklat mampuh ngajelaskeun téhnik nanya dina pangajaran kalawan jéntré. 2. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi wanda- wanda pananya kalawan bener. 3. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngajelaskeun waktu nunggu dina téhnik nanya di kelas kalawan écés. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngajelaskeun téhnik méré tanggapan kana jawaban siswa kalawan bener. 5. Sanggeus latihan, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi hal-hal anu perlu dijauhan waktu nanya dina pangajaran kalawan bener 6. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi tingkatan pananya dina pangajaran kalawan bener.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi kagiatan diajar II ngawéngku ieu di handap. 1. Ngajelaskeun téhnik nanya dina pangajaran basa Sunda. 2. Ngaidéntifikasi wanda-wanda pananya. 3. Ngajelaskeun waktu nunggu dina téhnik nanya di kelas. 4. Ngajelaskeun téhnik méré tanggapan kana jawaban siswa. 5. Ngaidéntifikasi hal-hal anu perlu dijauhan waktu nanya dina pangajaran basa Sunda. 6. Ngaidéntifikasi tingkatan pananya dina pangajaran.

C. Pedaran Matéri

1. Panganteur Téhnik Nanya dina Pangajaran Basa Sunda

Fakta di lapangan ngeunaan téhnik nanya nyaéta masih loba guru anu tacan maham sacara gembleng kaparigelan nanya. Kalemahana guru diantarana: 1 waktu guru nanya ka siswa, guru sorangan nu langsung 2 20 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 ngajawab éta pananya, teu méré lolongkrang waktu pikeun siswa mikir, 2 siswa ngajawab ragem babarengan, antukna teu bisa katangen mana siswa anu ngajawab bener jeung mana siswa anu ngajawab salah, 3 guru nunjuk heula siswa diteruskeun ku méré pananya, antukna siswa reuwas, jeung bingung. Hal di luhur luyu jeung hasil panalungtikan Hasibuan jeung Moejono 2006: 62 nu nétélakeun yén umumna guru teu mampuh ngagunakeun téhnik nanya dina prosés pangajaran. Padahal, pananya anu disiapkeun tur ditepikeun kalawan hadé baris méré pangaruh anu positif kana cara mikir jeung préstasi siswa. Ku kituna, guru kudu maham téhnik nanya sangkan prosés pangajaran bisa lumangsung produktif jeung éféktif. Kagiatan nanya dina prosés pangajaran kawilang pentingna, lantaran ku ayana prosés nanya, guru bisa ngadorong, ngabimbing, jeung nuntun siswa manggihan inti matéri pangajaran. Ku ayana téhnik nanya anu hadédina pangajaran basa Sunda, baris ngaronjatkeun produktivitas pangajaran, ngagali rupa-rupa informasi ti siswa, mikanyaho tingkat cangkeman siswa, ngahudangkeunréspon siswa, mikanyaho rasa hayang nyaho siswa, mikanyaho hal-hal anu dipikanyaho ku siswa, museurkeun perhatian siswa, sarta ngaronjatkeun jumlah pananya nu datangna ti siswa.

2. Wanda Pananya

Nurutkeun Alam, Spk.2010, dikutip tina http:www.lpmpsulsel.net. Wanda pananya dina prosés pangajaran bisa dipasing-pasing jadi dua kategori. Kahiji, Low Order Question LOQ, nyaéta, pananya anu sipatna recall, nyaétapananya anu miharep siswa pikeun nginget-nginget deui. Ieu pananya asup kana pananya anu gampil, misalna:“Dimana ibu kota provinsi Jawa Barat?”Kadua, Higher Order Question HOQ, nyaétapananya anu hésé, biasana maké kecap pananya kumaha, naha. Misalna, “Naha runtah bisa ngabalukarkeun banjir?” 21 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 Pananya-pananya anu ditepikeun ka siswa waktu prosés pangajaran lumangsung kudu variasi, aya pananya anu gampil, rada gampil, rada susah, jeung susah. Lamun pananya ti guru teu bisa dijawab ku siswa, guru kudu ngalakukeun hal-hal: 1 méré informasi tambahan sangkan siswa bisa ngajawab, 2 ngarobah pananya dina wangun anu béda, 3 ngawincik pananya jadi sababaraha sub-pananya sangkan sakabéh pananya bisa kajawab siswa. Ku kituna, siswa baris gampil maham matéri pangajaran tur daya serap siswa baris ngaronjat. Hal séjénna anu perlu diperhatikeun guru waktu nepikeun pananya nyaéta waktu nunggu. Waktu nunggu nyaéta waktu anu dibikeun ku guru ka siswa pikeun ngajawab pananya.

3. Waktu Nunggu dina Téhnik Nanya