Kagiatan Diajar LatihanPancén Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 110 b. Wadah atawa sarana barudak diajar basa Sunda sacara kontékstual patali jeung kumaha ngagunakeun basa Sunda keur ngabahas isu- isu kontroversial atawa hal-hal nu sok jadi polemik. c. Méré pamahaman jeung gambaran ka siswa pikeun nyusun ngarang téks diskusi kalawan struktur anu mérénah.

D. Kagiatan Diajar

Sangkan mampuh ngahontal tujuan sakumaha ditétélakeun di luhur, para guru dipiharep ngalaksanakeun kagiatan diajar kalawan daria. Kalawan gurat badag, kagiatan diajar anu kudu dilaksanakeun ku Sadérék ngawengku kagiatan-kagiatan: 1 niténan tujuan jeung indikator; 2 maca Pedaran Matéri ngeunaanTéks Diskusi dina Basa Sunda; 3 diskusi kelompok pikeun migawé latihanpancén; 4 maca tingkésan matéri; 5 néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén; jeung 6 tanya jawab jeung fasilitator lamun aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar VIII.

E. LatihanPancén

Pikeun leuwih paham kana matéri struktur jeung kaédah téks diskusi, pigawé pancén ieu di handap: 1. Dadarkeun naon ari diskusi jeung naon ari téks diskusi 2. Sebutkeun jeung Jéntrékeun ciri-ciri téks diskusi anu mandiri mun dibandingkeun jeung wanda téks séjénna 3. Dadarkeun jenis-jenis argumen anu kapanggih dina téks diskusi 4. Gambarkeun dina diagram kumaha struktur téks diskusi téh 5. Jéntrékeun, kumaha cara ngalarapkeun konsep téks diskusi pikeun bahan pangajaran di kelas PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 111

F. Tingkesan

1. Diskusi téh kagiatan lisan pikeun madungdengkeun hiji masalah anu sok dibarengan ku cara néangan solusina atawa mérénahkeun duduk perkarana. 2. Téks diskusi nyaéta wanda téks anu ngabahas hiji masalah ku rupa-rupa argumen. Wangunna bisa karangan mandiri atawa karangan polemik. 3. Struktur téks diskusi dimimitian ku Ngajéntrékeun isu, ngadadarkeun dokumen, sarta dipungkas ku kacindekan atawa saran. 4. Téks diskusi ngandung rupaning unsur kabasaan. 5. Konsép téks diskusi bisa dilarapkeun jeung dimangpaatkeun dina kagiatan diajar basa Sunda pikeun siswa di sakola.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék akurkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disadiakeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu bener, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur nepi ka tahap mana Sadérék nyangkem bahan ajar. Rumus: Tahap pangabisa bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 –100 = alus pisan 80 –89 = alus 70 –79 = cukup –69 = kurang Lamun tahap ngawasa geus ngahontal 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun ngulik bahan dina Kagiatan Diajar VI. Tapi lamun tahapngawasa Sadérék kurang ti 80, pék deres deui bahan dina Kagiatan Diajar V, pangpangna ngaderes matéri nu can kacangkem. 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 112 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 113 KAGIATAN DIAJAR 9 TÉKS ÉKSEMPLUM BASA SUNDA

A. Tujuan