Teori Singer Teori Arrousal Teori Bateson

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 46 4 Kukituna, budak bisa ngagunakeun ide-idena ku cara anu anyar sarta henteu biasa tur ngahasilkeun ide kréatif anu bisa diterapkeun pikeun tujuan adaptif.

c. Teori Singer

Singer nganggap yénkaulinan utamana kaulinan imajinatif, miboga kakuatan positif pikeun mekarna imajinasi budak. Ku jalan kaulinan, budak bisa ngaoptimalkeun laju stimulus ti luar jeung ti jero, ku kituna kaulinan bisa ngalantarankeun suasa pikagumbiraeun. Dina kaulinan budak henteu cicing, lantaran dina kaulinanréa stimulus Tedjasaputra, 2001:11.

d. Teori Arrousal

Arrousal Modulation Theorydimekarkeun ku Berlyne 1960 tur dimodifikasi ku Ellis 1973. Ieu tiori nekankeun sangkan budak ulin nyorangan soliter atawa ulinmenjelajah objek nu aya di lingkungan sabudeureunana. Nurutkeun tiori Arrousal, kaulinan dilantarankeun ku ayana pangabutuh atawa dorongan sangkan sistem saraf tetep aya dina kaayaan hudang.

e. Teori Bateson

Nurutkeun Bateson 1955 kaulinan sipatna paradoksial lantaran tindakan anu dilakukeunku budak waktu ulin teu sarua jeung anu dilakukeun dina kahirupan nyata Tedjasaputra, 2001:14. NurutkeunBateson, kaulinan moal ngamunculkeun kaayaan anu vakum. Play teks, kagiatan ulin dipangaruhan ku konték dimana jeung iraha étakaulinan dilakukeun. Tempat jeung waktu anu béda baris ngabalukeun rupa kaulinan anu bédaogé. Ieu hal mangrupa prinsip play text. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 47 NurutkeunMontolalu, spk.. 2008:1.8-1.9 aya tilu tiori modern ngeunaan kaulinan. 1 Tiori Psikoanalisis 2 Tiori Perkembangan Kognitif 3 Tiori Vigotsky. Gambar 4.2: Tiori Modern Kaulinan Katilu tiori étatéh baris dipedar di handap ieu. 1 Teori Psikoanalisis:kaulinantéh alat anu kacida pentingna pikeun ngaleupaskeun sagala émosi tur mekarkeun rasa harga diri, waktu budak ngawasa fungsi-fungsi awakna, barang-barang di sabudeureunana, sarta kaparigelan-keparigelan sosial Sigmund Freud jeung Erik Erikson. 2 Tiori perkembangan kognitif: matalikeun kagiatan kaulinan jeung mekarna inteléktual. Jean Piaget 1963 miboga pamadegan yén budak baris nyiptakeun pangawéruhna ngeunaan dunyana sorangan ngaliwatan interaksi dina kaulinan. 3 Teori Vigotsky 1967: kaulinantéh baris nyiptakeun cara mikir jeung cara ngungkulan masalah.

2. Wangenan Kaulinan Basa