Wangun Stratégi Komunikasi

11 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 dipangaruhan ku faktor: sistem basa, situasi dipakéna basa, jeung pangalaman komunikasi.

3. Wangun Stratégi Komunikasi

Nurutkeun Tarore 1983 aya lima wangun stratégi komunikasi, saperti dina gambar ieu di handap. Nyingkahan Parafrase Strategi Komunikasi Transfer Appeals for Assistance Mine Ieu di handap pedaran anu leuwih jétréna. a. Nyingkahan, dilakukeun ku jalan nyingkahan tina masalah anu ngaganggu tujuan. Stratégi komunikasi nyingkahan ngawengku: stratégi nyingkahan pesan jeung stratégi nyingkahan topik. b. Parafrase dilakukeun ku cara ngaganti wangun atawa konsép, saperti: ngagunakeun kecap-kecap sorangan, ngagunakeun conto, atawa ngarékonstruksi kalimah. c. Transfer anu dilakukeun ku jalan nginjeum wangun basa tina basa nu séjén anu leuwih gampil dicangkem pikeun nepikeun maksud komunikasi maké bahasa kadua B-2. d. Appeals for assistance anu dilakukeun ku jalan siswa ménta bantuan atawa gawé babarengan jeung babaturanana pikeun ngungkulan hambatan komunikasi ngeunaan hiji hal kalawan ngagunakeun basa kadua. e. Mine, dilakukeun ku cara ngagunakeun mimik jeung gestur pikeun nepikeun maksud. Dornyei Brown, 2007; Cook, 2008 ngagolongkeun stratégi komunikasi jadi dua, nyaéta stratégi komunikasi nyingkahan jeung stratégi komunikasi konpénsatoris. 1 12 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 Stratégi nyingkahan avoidence stratégies nyaéta: stratégi anu dilakukeun siswa ku jalan ngajauhan bangbaluh atawa hal anu dianggap hésé. Stratégi nyingkahan ngawengku: stratégi nyingkahan pesen jeung stratégi nyingkahan topik. Stratégi nyingkahan pesen, nyaéta stratégi anu dilakukeun ku cara ngantepkeun amanat teu réngsé lantaran héngkérna basa anu dipimilik. Stratégi nyingkahan topik nyaéta stratégi anu dilakukeun pikeun ngébréh keunma‟na leksikal basa sasaran dumasar kana pangawéruh ma‟na basa anu dikawasa. Stratégi kompensatoris nyaéta stratégi anu digunakeun pikeun kompénsasi teu hadirna pangawéruh dina diri panyatur Strategi Komunikasi Strategi Komunikasi Nyingkahan Strategi Komunikasi Kompensatoris Strategi Komunikasi Nyingkahan Topik Strategi Komunikasi Nyingkahan Amanah Gambar 1. 1 Stratégi Komunikasi 13 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 Stratégi kompénsatoris dilakukeun ku cara ieu di handap: a. Nepikeun teu langsung circumlocution; b. Ngagunakeun istilah alternatif anu ngébréhkeun ma‟na leksikal basa sasaran approksimasi; c. Ngagunakeun keca-kecap serba guna; d. Ngawangun kecap-kecap anyar; e. Ngagunakeun frase cadangan anu diingetna lantaran siswa teu maham komponén morfologis basa target; f. Sinyal non-linguistik, saperti: gerak awak, gestur, ekspresi wajah, atawa niru sora; g. Nerjemahkeun kalawan harfiah idiom, struktur leksikal; h. Ngaasingkeun; i. Alih kode; j. Ménta bantuan lawan nyarita kalawan langsung atawa teu langsung; k. Ngagunakeun piranti ragu-ragupikeun ngeusian jéda jeung ayana waktu pikeun mikir.

4. Stratégi Komunikatif sarta Patalina jeung Kamekaran Kognitif