PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2015
40
3
F. Tingkesan
Aya sababaraha hak anu jadi kasang tukang munculna alih kode. Kasang tukang munculna alih kode ngawéngku: panyatur jeung pribadi panyatur,
robahna situasi tutur, hadirna jalma katilu, pindahna poko caritaan.
Aya sababaraha hal anu jadi kasang tukang munculna alih kode. Kasang tukang munculna alih kode ngawéngku: panyatur jeung pribadi panyatur,
robahna situasi tutur, hadirna jalma katilu, pindahna poko caritaan, ngahudang rasa humor.
Nurutkeunsudut pandang sosiolinguistik, digunakeunana variasi kode basa di masarakat multibasa téh gejala anu narik ati pikeun ditalungtik. Kode
ngacu kana sistem tutur anu miboga ciri khas luyu jeung kasang tukang panyatur, rélasi panyatur jeung mitra tutur katut situasi tutur. Kode biasana
téh mangrupa variasi basa anu dipaké dina komunikasi masarakat basa Poedjosoedarmo, 1978:30.
Wardhaugh 1986 nyebutkeun yén kode téh bagian tina sistem basa pikeun komunikasi dua urang panyatur atawa leuwih anu mangrupa dialék atawa
basa nu séjénna. Waktu keur lumangsungna komunikasi bisa aya sababaraha kamungkinan: 1 panyatur ngaganti hiji kode basa kana kode nu
séjénna, atawa 2 panyatur nyampurkeun 2 atawa leuwih kode basa. Ku kituna, dina masarakat multibasa aya rupa-rupa kode, saperti dialék,
sosiolék, sarta gaya nu digunakeun dina komunikasi. Alih kode miboga ciri internal jeung éksternal. Ciri internal raket patalina jeung nu nyarita katut
basa anu digunakeunana. Ciri éksternal raket patalina jeung lingkungan situasional.
Nurutkeun R.A Hudson wanda alih kode ngawéngku: a methaporical code switching, b conversational code switching, dan c situational code
switching. Wanda alih kode ditilik tina kasang tukang panyatur, bisa diklasifikasikeun: alih kode anu panyaturna dwibahasawan bilingual anu
biasa jeung mungkin waé sakaligus mampuh ngagunakeun dua basa sakaligus dina hiji situasi. Misalna, Indri ngan mampuh ngagunakeun basa
Bali tapi lain diglosik, alih kode anu panyaturna anéka basahawan, nyaéta
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2015
41
KD 4
panyatur anu mampuh ngawasa sababaraha basa, tapi lain diglosik, alih kode anu panyaturna bilingual sakaligus diglosik, jeung alih kode anu
panyaturna ékabahasawan, tapi diglosik.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku