21
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
Pananya-pananya anu ditepikeun ka siswa waktu prosés pangajaran lumangsung kudu variasi, aya pananya anu gampil, rada gampil, rada
susah, jeung susah. Lamun pananya ti guru teu bisa dijawab ku siswa, guru kudu ngalakukeun hal-hal:
1 méré informasi tambahan sangkan siswa bisa ngajawab, 2 ngarobah pananya dina wangun anu béda,
3 ngawincik pananya jadi sababaraha sub-pananya sangkan sakabéh
pananya bisa kajawab siswa. Ku kituna, siswa baris gampil maham matéri pangajaran tur daya serap
siswa baris ngaronjat. Hal séjénna anu perlu diperhatikeun guru waktu nepikeun pananya nyaéta waktu nunggu. Waktu nunggu nyaéta waktu
anu dibikeun ku guru ka siswa pikeun ngajawab pananya.
3. Waktu Nunggu dina Téhnik Nanya
Nurutkeun Depdikbud 1990:8, aya dua wanda waktu nunggu. Kahiji, waktu nunggu méré kasempétan ka siswa pikeun mikir jeung nyusun
kalimah jawaban sacara mérénah. Waktu nunggu panjang pondokna téh diluyukeun jeung tingkatan pananya anu ditepikeun ku guru, pananya anu
sipatna nginget-nginget recall merlukeun waktu anu singget, tapi pananya anu sipatna ngalarapkeun aplikatif merlukeun waktu anu rada
lila. Larapna dina pangajaran basa Sunda, guru perlu méré waktu nunggu ka siswa waktu nepikeun pananya. Lilana waktu nunggu diluyukeun jeung
sipat pananya, naha sipatna recall atawa aplikatif. Waktu nunggu pikeun pananya anu sipatna recall baris leuwih pondok tibatan waktu nunggu
pikeun pananya anu sipatna aplikatif. Conto pananya anu sipatna recall, “Saha anu ngarang novel Nagnti-nganti dawuh?”. Conto pananya anu
Kategori Pananya
High Order Question
Low Order Question
Gambar 2. 1Kategori Pananya
2
22
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
sipatna aplikatif, “Kumaha karakter Naufal dina carpon “Hayang sakola di
Jepang” diluyukeun jeung tiori tokoh jeung karakter dina unsur instrinsik carpon?
Kadua, waktu nunggu sanggeus siswa ngajawab. Ieu hal pikeun méré kasempétan ka siswa anu séjénna méré tanggapan sameméh guru méré
penguatan reinforcementatawa pikeun klarifikasi kana jawaban siswa. Sanggeus guru basa Sunda kudu méré waktu nunggu sanggeus siswa
ngajawab pananya, supaya siswa anu séjénna ngilu mikir ngeunaan matéri basa Sunda anu ditanyakeun. Nurutkeun Alma, spk. 2010:31,
guru méré waktu tunggu tujuanana: 1 méré kasempétan ka siswa pikeun mikirkeun jawaban, 2 manggihan jawaban siswa anu kumplit, 3
ngaanalisis pananya, jeung 4 sangkan loba siswa anu ngajawab. Kukituna, waktu tunggu baris nyiptakeun siswa anu aktif, kréatif, produktif,
antukna prosés pangajaran jadi éféktif. Guru anu mampuh méré tanggapan anu bener tur mérénah kana jawaban siswa, baris
ngaronjatkeun hasil diajar siswa.
4. Téhnik Méré Tanggapan kana Jawaban Siswa