LatihanPancén Tingkésan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 89 Amanat omongan mangrupa pesen panyatur nu geus katarima ku pamiarsana. Eusina bisa mangrupa rasa, pikiran, jeung kahayang. Dina amanat téh aya maksud panyatur saperti ngawawarkeun, nanya, maréntah, atawa cumeluk. Maksud panyatur sakumaha ébréh dina amanat merleukeun réspon nu tangtu dina wujud évaluasi. Omongan wawaran meredih sangkan pamiarsa aya perhatian ka panyatur. Omongan pananya meredih sangkan pamiarsa ngajawab naon-naon nu ditanyakeun ku panyatur. Omongan paréntah meredih sangkan pamiarsa milampah pagawéan nu dikedalkeun ku panyatur. Sedengkeun omongan panyeluk digunakeun pikeun ngébréhkeun sora bituna rasa panyaturna.

D. Kagiatan Diajar

Sangkan mampuh ngahontal tujuan sakumaha ditétélakeun di luhur, para guru dipiharep ngalaksanakeun kagiatan diajar kalawan daria. Kalawan gurat badag, kagiatan diajar anu kudu dilaksanakeun ku Sadérék ngawengku kagiatan-kagiatan: 1. niténan tujuan jeung indikator; 2. maca Pedaran Matéringeunaan Makéna basa Sunda; 3. diskusi kelompok pikeun migawé latihanpancén; 4. maca tingkésan matéri; 5. néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén; jeung 6. tanya jawab jeung fasilitator lamun aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar VI.

E. LatihanPancén

Sangkan pangawéruh ibu sareng bapa guru ngeunaan makéna basa Sunda leuwih jero jeung onjoy, prak pigawé kalawan gemet ieu latihan di handap. 1. Tétélakeun watesan kabudayaan Sunda 2. Tétélakeun kalungguhan basa Sunda 3. Tataan kontéks laku basa Sunda 4. Nu kumaha ari Undak-Usuk Basa Sunda? 6 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 90 5. Tétélakeun ragam basa Sunda

F. Tingkésan

1. Unggal masarakat tinangtu mibanda kabudayaan séwang-séwangan. Sacara gurat badag, saéstuna mah kabudayaan téh dimana waé ogé sarua atawa universal ngajanggélék dina wujud paripolah, pola pikir, tur ajén-inajénna. Kabudayaan ngawengku sakabéh aspék kahirupan manusa. Ku kituna, sakabéh paripolah manusa jeung sakabéh hasil tur akibatna kaasup kana konsép kabudayaan. 2. Kabudayaan Sunda nyaéta kabudayaan anu hirup, tumuwuh, jeung mekar di kalangan urang Sunda anu umumna nyicingan atawa ngadomisili di Tatar Sunda. 3. Basa Sunda mangrupa basa indung mother tongue pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Basa Sunda anu nyampak ayeuna mangrupa hasil tina kamekaran ti mangsa ka mangsa. Éta kamekaran téh ditangtukeun ku kahirupan budi akal urang Sunda anu kapangaruhan ku suasana tempat jeung waktu anu kasorang dina sajarah hirupna. Kamekaran basa Sunda sajalan jeung kamekaran kahirupan kabudayaan urang Sunda. Ari sababna basa téh miboga fungsi pikeun nyumponan sabagian tina pangabutuh anggota masarakat dina hirup kumbuhna. Kagiatan makéna basa Sunda dina kahirupan sapopoé bisa ditétélakeun dina wengkuan laku basa Sunda. Kontéks sarupa kitu téh nyampak dina komponén omongan components of speech. Nurutkeun Sudaryat 2007:294-306, komponén omongan nu jadi ciri kontéks téh ngawengku: 1 undak usuk basa, 2 nu maké basa jeung nu dicaritakeun, 3 galur omongan, 4 kasang tukang tempat, waktu, jeung suasana, 5 alat nu digunakeun, 6 rasa, nada, jeung ragam basa, 7 amanat jeung tujuan omongan.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku