Kagiatan Diajar LatihanPancén Tingkesan

1 14 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 teu bisa ngalakukeunana kalawan lancar. Ieu hal dibalukarkeun siswa acan paham kana konsép basa kalawan hadé. Ku kituna, diperlukeun stratégi komunikasi. Stratégi komunikasi anu digunakeun ku siswa, dina dasarna mah ngagambarkeun kompeténsi anu dipimilik ku siswa. Waktu nengetan jeung ngainternalisasi sistem jeung kaidah basa Sunda. Ieu hal luyu jeung pamadegan Bongaerts jeung Poulisse Brown, 2007 jeungGreg Brown, 2007 yén ngaliwatan pérpormansi bisa dipikanyaho kompeténsi siswa. Slobin 1991 nambahkeun yén dina pangajaran basa, mekarna kompeténsi siswa bisa digunakeun pikeun mikanyaho mekarna kognitif siswa. Kukituna, ku mikanyaho stratégi komunikasi pangajaran basa pikeun siswa, hartina mikanyaho ogé ngeunaan mekarna kognitif siswa.

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyokot kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap: 1. Nitenan tujuan jeung indikator. 2. Maca Pedaran Matéri ngeunaan Stratégi Komunikasi dina Pangajaran Basa Sunda. 3. Diskusi kelompok pikeun migawé LatihanPancén. 4. Maca tingkésan matéri. 5. Néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén. 6. Tanya jawab jeung fasilitator lamun aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar 1.

E. LatihanPancén

Jawab atawa tétélakeun sakur pananya jeung paréntah ieu di handap 1. Jéntrékeun wangenan stratégi komunikasi dina pangajaran basa Sunda 2. Jéntrékeunprosés komunikasi dina pangajaran basa Sunda 3. Idéntifikasi wangun stratégi komunikasi 4. Jéntrékeunstratégi komunikasi raket patalina jeung mekarna kognitif siswa. 5. Tuliskeun opat hal anu sering aya dina prosés komunikasi. 15 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016

F. Tingkesan

Stratégi komunikasi nyaéta upaya pembelajar dina ieu hal siswa pikeun ngaéksprésikeun maksud kalawan sistematis ku jalan ngagunakeun basa anu keur diajarkeun. Stratégi komunikasi museur kana kasus-kasus anu aya dina keur lumangsungna prosés komunikasi. Brown 2007 ngajéntrékeunyénstratégi komunikasi nyaéta digunakeunana mékanisme verbal jeung nonverbal pikeun kagiatan komunikasi atawa informasi produksi. Lamun dipatalikeun jeung pangajaran basa Sunda, yénstratégi komunikasi digunakeun ku guru pikeun nepikeun matéri pangajaran basa Sunda waktu guru nyangharepan bangbaluh dina prosés pangajaran. Dina prosés komunikasi sering aya prosés: a négosiasi, b nepikeun amanat, c nepikeun konsép, jeung d nepikeun pangaruh. Kaopat prosésétatéh kacida raket patalina. Leech 1983 nétélakeun pamadeganana ngeunaan ayana sababaraha aspék anu kudu diperhatikeun dina komunikasi, nyaéta: 1 kasang tukang panyatur anu raket patalina jeung umur, sosial ekonomi, jenis kelamin, jeung tingkat kaakraban, 2 kontéks tuturan, raket patalina jeung aspék fisik setting sosial, 3 tujuan tuturan, nyaéta wangun tuturan anu dipaké. Nurutkeun Tarore 1983 aya lima wangun stratégi komunikasi: nyaéta: 1 stratéginyingkahan, dilakukeun ku jalan nyingkahantina masalah anu ngaganggu tujuan komunikasi. Strategi nyingkahanngawengku: stratéginyingkahan pesen jeung stratéginyingkahan topik; 2 parafrase dilakukeun ku cara ngaganti wangun atawa konsép, saperti: ngagunakeun kecap-kecap sorangan, ngagunakeun conto, atawa ngarékonstruksi kalimah; 3 transfer anu dilakukeun ku jalan nginjeum wangun basa tina basa nu séjén anu leuwih gampil dicangkem pikeun nepikeun maksud komunikasi maké bahasa kadua B-2; 4 appeals for assistance anu dilakukeun ku jalan siswa ménta bantuan atawa gawé babarengan jeung babaturanana pikeun ngungkulan bangbaluh komunikasi ngeunaan hiji hal kalawan ngagunakeun basa kadua; 5 mine, dilakukeun ku cara ngagunakeun mimik jeung gesturpikeun nepikeun maksud. 1 16 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 Dorrnyei Brown, 2007; Cook, 2008 ngagolongkeun stratégi komunikasi jadi dua, nyaéta stratégi komunikasi nyingkahan jeung stratégi komunikasi konpensatoris. Pérpormansi nyaéta wujud konkret ngagunakeun basa. Pérformasi diwangun ku dua prosés, nyaéta pemahaman jeung produksi basa.Kompeténsi mangrupa pangaweruh anu teu bisa diobservasi ku lantaran sipatna internal. Kukituna, pikeun ngaréalisasikeun kompeténsi ku jalan pérpormansi. Pérpormansi nyaéta digunakeunana basa dina situasi nu nyata.Dina pérpormansi, salian ti kudu maham, aya ogé kagiatan ngaréproduksi basa. Tapi sering ogé siswa teu bisa ngalakukeunana kalawan lancar. Ieu hal dibalukarkeun siswa acan paham kana konsép basa kalawan hadé. Ku kituna, diperlukeun stratégi komunikasi. Stratégi komunikasi anu digunakeun ku siswa, dina dasarna mah ngagambarkeun kompeténsi anu dipimilik ku siswa. Waktu nengetan jeung ngainternalisasi sistem jeung kaidah basa Sunda. Ngaliwatan pérpormansi bisa dipikanyaho kompeténsi siswa. Slobin 1991 nambahkeun yén dina pangajaran basa, mekarna kompeténsi siswa bisa digunakeun pikeun mikanyaho mekarna kognitif siswa.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku