Babasan Paribasa Wanda Pakeman Basa Sunda

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 94 7 caturangga, jeung 8 repok. Salian ti éta, pakeman basa téh bisa mangrupa gaya basa. Najan kitu, henteu kabéh gaya basa mangrupa pakeman basa atawa sipatna idiomatis. Hartina, aya gaya basa idiomatis aya gaya basa non-idiomatis. Sudaryat, 2003:114-117.Ieu di handap dipedar hiji-hijina.

a. Babasan

Babasan téh mangrupa salasahiji wanda pakeman basa Sunda. Dina Kamus Umum Basa Sunda LBSS, 2007: 51 ditétélakeun yén babasan téh nyaéta ucapan matok anu dipaké dina harti injeuman. Ari nurutkeun Satjadibrata 2005: 61, babasan nyaéta sawatara susunan kecap nu hartina teu sarua jeung harti sawajarna, tapi biasana geus kamaphum ku saréréa. Babasan ogé sarua hartina jeung wiwilangan atawa bibilangan, nyaéta kekecapan anu hartina henteu sajalantrahna, susunan basana ringkes, saeutik patri, jeung teu bisa atawa ulah dihartikeun sacéréwéléna Hidayat spk., 2005: 195. Babasan dina basa Sunda bisa dipasing-pasing. Salian ti bisa dipasing-pasing dumasar wangunna, bisa deuih dipasing-pasing dumasar sumber babandinganana. Ceuk Sudaryat 2003:118nurutkeun wangun kekecapanana, babasan dipasing- pasing jadi babasan wangun rundayan, babasan wangun kantétan, jeung babasan wangun frasa. Ari dumasar kana sumber babandinganana, Sudaryat 2003: 20 ngawincik babasan ngawengku babasan ngaran awak sakujur, sasatoan, tutuwuhan, kaayaan alam, jeung ngaran barang. Ieu di handap dibéréndélkeun rupa-rupa conto babasan dumasar kana papasinganana. 1 Conto babasan dumasar wangunna a Babasan Wangun Rundayan i. Aya buntutna b Babasan wangun Kantétan ii. Béar budi PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 95 c Babasan wangun Frasa iii. Bongkok méongeun 2 Conto babasan dumasar sumber babandinganana a Babasan Ngaran Awak Sakujur iv. Panon kéongeun b Babasan Ngaran Sasatoan v. Peureum hayam c Babasan Ngaran Tutuwuhan vi. Pait paria d Babasan Ngaran Kaayaan Alam vii. Séngsérang padung e Babasan Ngaran Barang viii. Goong nabeuh manéh

b. Paribasa

Paribasa sarua jeung babasan kaasup kana wanda pakeman basa Sunda. Dina Kamus Umum Basa Sunda LBSS, 2007: 51 ditétélakeun yén paribasa téh nyaéta ucapan matok, saeutik patri, nu mangrupa silokaning hirup pituah, piluangeun, jsb.. Ari nurutkeun Prawirasumantri Rahmat spk., 2005:196, paribasa nyaéta babandingan anu jadi perlambang laku ngawangun hiji omongan runtuyan kecap, anu puguh eunteup seureuhna, geus puguh surupanana, geus tangtu pok-pokanana. Upama dicindekkeun mah, paribasa téh ungkara winangun kalimah atawa klausa anu susunan tur kekecapanana geus matok, maksudna geus puguh, jeung biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup. Paribasa bisa dipasing-pasing jadi sababaraha rupa. Nurutkeun Salmun 1963: 84, paribasa bisa dipasing-pasing dumasar kana gelarna, basana, asalna, jeung sumber babandinganana. Rusyana 1981: 3, netélakeun papasingan paribasa téh jadi tilu bagian, nyaéta paribasa pangjurung laku hadé, paribasa panyaram lampah salah, jeung paribasa wawaran luang. Perkara sumber babandingan dina paribasa, ditétélakeun Sudaryat 2003: 103 ngawengku ngabandingkeun kana ngaran awak sakujur, ngaran sasatoan, PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 96 7 ngaran tutuwuhan, ngaran kaayaan alam, jeung ngaran laku lampah. Tina sumber babandinganana, bisa dipasing-pasing jadi paribasa patali jeung tani, patali jeung ingon-ingon, patali jeung perikanan, dagang, seni, ninun, sistem kamasarakatan, basa, élmu pangawéruh, jeung kapercayaan. Ieu di handap dibéréndélkeun rupa-rupa conto paribasa luyu jeung papasinganana. 1 Conto paribasa pangjurung laku - Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal 2 Conto paribasa panyaraman lampah salah - Ulah ieuh aing uyah kidul 3 Conto paribasa wawaran luang - Ngadék sacékna, nilas saplasna 4 Conto paribasa ditilik tina gelarna - Ngeunah Éon teu ngeunah Éhé 5 Conto paribasa tarjamahan tina basa asing - Bengkung ngariung bongkok ngaronyok 6 Conto paribasa ditilik tina sumber babandinganana a Paribasa patali jeung tani - Bojo dénok sawah ledok b Paribasa patali jeung ingon-ingon - Endog sasayang, peupeus hiji peupoeus kabéh c Paribasa patali jeung perikanan - Caina hérang laukna beunang d Paribasa patali jeung dagang - Dagang peda ka Cirebon e Paribasa patali jeung ninun - Lamun urang ninun kanéeh f Paribasa patali jeung sistem kamasarakatan - Jeneng méméh pangkat g Paribasa patali jeung élmu pangawéruh - Élmu tungtut dunya siar h Paribasa patali jeung basa PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 97 - Hadé ku omomg goréng ku omong i Paribasa patali jeung kapercayaan - Indung hukum, bapa darigama

c. Rakitan Lantip