Wangenan Stratégi Komunikasi Prosés Komunikasi dina Pangajaran Basa Sunda

9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 KAGIATAN DIAJAR 1 STRATÉGI KOMUNIKASI DINAPANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar ngawengku ieu tujuan-tujuan di handap. 1. Sanggeus maca modul, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan stratégi komunikasi kalawan jelas. 2. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampu ngajéntrékeunprosés komunikasi dina pangajaran basa Sunda kalawan jelas. 3. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampu ngaidéntifikasi wangun stratégi komunikasi dina pangajaran basa Sunda kalawan taliti. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampu ngajéntrékeun stratégi komunikasi patalina jeung kamekaran kognitif kalawan bener.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi kagiatan diajar 1, ngawengku ieu kamampuhdi handap: 1. Ngajéntrékeun wangenan stratégi komunikasi. 2. Ngajéntrékeun prosés komunikasi dina pangajaran basa Sunda. 3. Ngaidéntifikasi wangun stratégi komunikasi dina pangajaran basa Sunda. 4. Ngajéntrékeun stratégi komunikasi patalina jeung kamekaran kognitif.

C. Pedaran Matéri

1. Wangenan Stratégi Komunikasi

Komunikasi nyaéta prosés patukeurna informasi anu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih ngagunakeun lambang-lambang verbal jeung nonverbal, kode-kode lisan, tinulis atawa visual Brown, 2007. Waktu prosés komunikasi lumangsung, panyatur ngusahakeun satékah polah sangkan mampuh nepikeun ide-idena kalawanéféktif. Tapi, dina kanyataanana komunikasi téh teu salawasna éféktiflantaran panuturteu mampuh nangkep amanat anu saperti ditepikeun ku panyatur. Ku kituna, 1 10 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 guru basa Sunda salaku komunikator panyatur kudu mampuh ngungkulan éta masalah ku cara ngagunakeun stratégi komunikasi anu éféktif. Nurutkeun Tarone 1983, stratégi komunikasi nyaéta upaya pembelajar, dina ieu hal siswa, pikeun ngaéksprésikeun maksud kalawan sistematis ku jalan ngagunakeun basa anu keur diajarkeun. Stratégi komunikasi museur kana kasus-kasus anu aya dina prosés lumangsungna komunikasi. Brown 2007 nétélakeun yén stratégi komunikasi téh nyaéta digunakeunana mékanisme verbal jeung nonverbal pikeun kagiatan komunikasi atawa produksi informasi. Saterusna Faerch jeung Kasper Brown, 2007; Cook, 2008 nétélakeun yén stratégi komunikasi mangrupa rancangan sadar anu boga kakuatan pikeun ngungkulan masalah sangkan tujuan komunikasi basa baris kahontal. Bangbaluh téh dibalukarkeun ku lemahna basa anu keur digunakeun. Lamun dipatalikeun jeung pangajaran basa Sunda, stratégi komunikasi digunakeun ku guru tujuanana pikeun ngungkulan bangbaluh komunikasi dina prosés pangajaran basa Sunda.

2. Prosés Komunikasi dina Pangajaran Basa Sunda

Waktu pangajaran basa Sunda keur lumangsung, aya prosés komunikasi. Nurutkeun Djamarah 2002: 44 ngajar mangrupa kagiatan ngatur lingkungan siswa pikeun nepikeun amanat mangrupa pangawéruh, kaparigelan, tur sikep ti guru ka siswa. Dina nepikeun étaamanat, kalawan teu langsung guru tinangtu kudu boga pangabisa ngeunaan tata cara komunikasi sangkan siswa bisa éféktif nyangkem matéri. Ku kituna, guru kudu pahamprosés komunikasi salila pangajaran lumangsung. Dina prosés komunikasi nepikeun amanat atawa ide, tinangtu baris aya atrisi penyusutan ma‟na komunikasi. Dina prosés komunikasi baris aya atrisi, antukna matéri anu ditarima ku siswa baris béda jeung matéri anu ditepikeun ku guru. Ku kituna, guru diperedih sangkan ngagunakeun stratégi-stratégi komunikasi anu éféktif pikeun ngaminimalisir ayana atrisi. Dina milih stratégi komunikasi dipangaruhan ku faktor internal jeung éksternal. Tarone 1983 nétélakeun yén dina milih stratégi komunikasi 11 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 dipangaruhan ku faktor: sistem basa, situasi dipakéna basa, jeung pangalaman komunikasi.

3. Wangun Stratégi Komunikasi