Cara Ngagunakeun Modul Tujuan Indikator Kahontalna Kompeténsi

5 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 b. Laku Basa Sunda

7. Pakeman Basa

a. Watesan Pakeman Basa Sunda b. Wanda Pakeman Basa Sunda

8. Struktur jeung Kaédah Téks Diskusi

a. Wangenan Téks Diskusi b. Ciri mandiri Téks Diskusi c. Struktur Téks Diskusi d. Unsur Kabasaan dina Téks Diskusi e. Conto Larapna Konsép Téks Diskusi pikeun Bahan Pangajaran

9. Struktur jeung Kaédah Téks Eksemplum

a. Wangenan Téks Eksemplum b. Ciri Téks Eksemplum c. Struktur Téks Eksemplum d. Unsur Kabasaan dina Téks Eksemplum e. Ngalarapkeun Konsép Téks Eksemplumpikeun Bahan Pangajaran

10. Carita Wayang

a. Carita Wayang b. Watesan Carita Wayang c. Bagian-bagian Carita Wayang d. Sempalan Carita Wayang

E. Cara Ngagunakeun Modul

Aya sawatara hal nu perlu diéstokeun dina ngulik ieu modul. Kahiji, Sadérék kudu yakin yén ieu modul téh aya mangpaatna. Kadua, Sadérék kudu narékahan sangkan meunang informasi optimal tina modul. Katilu, Sadérék perlu niténan jeung migawé latihan nu dipidangkeun dina ahir pedaran. Titénan jeung pigawé tiap bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina tiap bahan nu dipidangkeun. Ulah poho migawé sakur latihan-latihan jeung évaluasi dina saban bagian modul. Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék ngeunaan ieu bahan kagiatan diajar baris dinilai ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi. Dina maca, nengétan, jeung ngulik bahan-bahan nu aya dina ieu modul Sadérék dipiharep macana 6 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 jeung nguliknakalawan sistematis jeung taliti. Lamun manggihan bangbaluh dina mahamkeunana jeung dina ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun ka fasilitator. 7 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 KOMPETENSI PEDAGOGIK: Strategi Komunikasi dina Pangajaran Basa Sunda 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 9 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 KAGIATAN DIAJAR 1 STRATÉGI KOMUNIKASI DINAPANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar ngawengku ieu tujuan-tujuan di handap. 1. Sanggeus maca modul, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan stratégi komunikasi kalawan jelas. 2. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampu ngajéntrékeunprosés komunikasi dina pangajaran basa Sunda kalawan jelas. 3. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampu ngaidéntifikasi wangun stratégi komunikasi dina pangajaran basa Sunda kalawan taliti. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampu ngajéntrékeun stratégi komunikasi patalina jeung kamekaran kognitif kalawan bener.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi kagiatan diajar 1, ngawengku ieu kamampuhdi handap: 1. Ngajéntrékeun wangenan stratégi komunikasi. 2. Ngajéntrékeun prosés komunikasi dina pangajaran basa Sunda. 3. Ngaidéntifikasi wangun stratégi komunikasi dina pangajaran basa Sunda. 4. Ngajéntrékeun stratégi komunikasi patalina jeung kamekaran kognitif.

C. Pedaran Matéri