Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompeténsi

1 16 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 Dorrnyei Brown, 2007; Cook, 2008 ngagolongkeun stratégi komunikasi jadi dua, nyaéta stratégi komunikasi nyingkahan jeung stratégi komunikasi konpensatoris. Pérpormansi nyaéta wujud konkret ngagunakeun basa. Pérformasi diwangun ku dua prosés, nyaéta pemahaman jeung produksi basa.Kompeténsi mangrupa pangaweruh anu teu bisa diobservasi ku lantaran sipatna internal. Kukituna, pikeun ngaréalisasikeun kompeténsi ku jalan pérpormansi. Pérpormansi nyaéta digunakeunana basa dina situasi nu nyata.Dina pérpormansi, salian ti kudu maham, aya ogé kagiatan ngaréproduksi basa. Tapi sering ogé siswa teu bisa ngalakukeunana kalawan lancar. Ieu hal dibalukarkeun siswa acan paham kana konsép basa kalawan hadé. Ku kituna, diperlukeun stratégi komunikasi. Stratégi komunikasi anu digunakeun ku siswa, dina dasarna mah ngagambarkeun kompeténsi anu dipimilik ku siswa. Waktu nengetan jeung ngainternalisasi sistem jeung kaidah basa Sunda. Ngaliwatan pérpormansi bisa dipikanyaho kompeténsi siswa. Slobin 1991 nambahkeun yén dina pangajaran basa, mekarna kompeténsi siswa bisa digunakeun pikeun mikanyaho mekarna kognitif siswa.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék luyukeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem bahan ajar. Rumus: Tahap Pangabisa = Jumlah Jawaban anu bener × 100 5 Tahap pangabisa bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = sae pisan 80 - 89 = sae 70 - 79 = cukup ฀ 69 = kurang 17 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkembahan ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar II. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deres deui materi dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna matérinu tacan kacangkem. 1 18 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 19 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016 KAGIATAN DIAJAR 2 TÉHNIK NANYA DINA PANGAJARAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 2 ngawéngku ieu tujuan di handap: 1. Sanggeus maca pedaran materi, pamilon diklat mampuh ngajelaskeun téhnik nanya dina pangajaran kalawan jéntré. 2. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi wanda- wanda pananya kalawan bener. 3. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngajelaskeun waktu nunggu dina téhnik nanya di kelas kalawan écés. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngajelaskeun téhnik méré tanggapan kana jawaban siswa kalawan bener. 5. Sanggeus latihan, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi hal-hal anu perlu dijauhan waktu nanya dina pangajaran kalawan bener 6. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi tingkatan pananya dina pangajaran kalawan bener.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi kagiatan diajar II ngawéngku ieu di handap. 1. Ngajelaskeun téhnik nanya dina pangajaran basa Sunda. 2. Ngaidéntifikasi wanda-wanda pananya. 3. Ngajelaskeun waktu nunggu dina téhnik nanya di kelas. 4. Ngajelaskeun téhnik méré tanggapan kana jawaban siswa. 5. Ngaidéntifikasi hal-hal anu perlu dijauhan waktu nanya dina pangajaran basa Sunda. 6. Ngaidéntifikasi tingkatan pananya dina pangajaran.

C. Pedaran Matéri