1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
BUBUKA
A. Kasang Tukang
Profési guru jeung tenaga kependidikan kudu dihargaan jeung dimekarkeun salaku profési anu mibanda martabatsakumaha anu diamanahkeun dina
Undang-Undang Nomor 14 Tahun 2015 ngeunaan Guru jeung Dosen. Ieu hal lantaran guru jeung tenaga kependididkan téh mangrupa tenaga
profésional anu miboga fungsi, peran, jeung kalungguhan anu kacida pentingna dina ngahontal visi pendidikan 2025, nyaéta “Menciptakan Insan
Indonesia Cerdas dan Kompetitif
”. Program Guru Pembelajar nyaéta tarékah mekarkeun kompeténsi guru
jeung tenaga kependidikan anu luyu jeung pangabutuh, mayeng tahap demi tahap pikeun ngaronjatkeun profésionalitasna. Program Guru Pembelajar
mangrupa salah sahiji stratégi pembinaan guru jeung tenaga kependidikan anu dipiharep mampuh ngajamin guru jeung tenaga kepedidikanpikeun
miara, ngaronjatkeun, jeung mekarkeun kompeténsi luyu jeung standar anu geus ditetepkeun. Program Guru Pembelajar baris ngurangan ayana ganjor
antara kompeténsi anu dipiboga ku guru sarta tenaga kependidikan jeung tuntutan profésional anu geus tangtukeun.
Program Guru Pembelajar Basa Sunda dilaksanakeun ku PPPPTK TK PLB. Program Guru Pembelajar basa Sunda merlukeun modul pikeun salah sahiji
sumber diajar pamilon kagiatan. Modul basa Sunda mangrupa bahan ajar anu dirarancang sangkan pamilon kagiatan mampuh diajar kalawan mandiri.
Modul GURU PEMBELAJAR Guru Basa Sunda Kelompok Kompeténsi G ngawengku dua kompeténsi pédagogik jeung profésional. Kompeténsi
pédagogik ngawengku 4 opat matéri pokok, nyaéta: 1 Stratégi Komunikasi dina Pangajaran Basa Sunda, 2Téhnik Nanya dina Pangajaran
Basa Sunda, 3Stratégi Komunikasi Kompénsatoris: Alih Kode, jeung 4 Kaulinan pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Basa Sunda. Kompeténsi
profésional ngawengku 6 genep matéri pokok, nyaéta: 1 Basa jeung Kabudayaan, 2 Makéna Basa Sunda, 3 Pakeman Basa, 4 Struktur jeung
Kaédah Téks Diskusi, 5 Struktur jeung Kaédah Téks Éksemplum, jeung 6 Carita Wayang.
2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2016
B. Tujuan