Struktur Téks Eksemplum

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 117 Éta omongan indungna, diéstokeun pisan ku Dudung. Diadopsi tina majalah Kandaga édisi No. 55 Taun VI Fébruari 2014

3. Struktur Téks Eksemplum

Istilah „eksemplum‟ téh asalna tina basa Latin, exemplum. Dina kamus basa Inggris, di antara hartina téh nyaéta hiji anékdot atawa narasi pondok anu dimaksudkeun pikeun nepikeun ajaran moral atawa keur ngadeudeul hiji pamadegan an anecdote or short narrative used to point a moral or susatin an argument. Lamun téks “Mun Teu Ngakal Moal Ngakeul” ku urang dibaca, saliwatan ogé bréh baé éta téh hiji carita. Deukeut-deukeut kana carita dongéng. Carita dimimitian ku ngawanohkeun para palaku, kaayaanana, jeung pasipatanana. Diterangkeun kumaha pasipatan Dudung minangka palaku utamana, ogé kaayaan kulawargana. Dudung téh cenah budak kedul jeung mumul digawé alatan diogo teuing ku indung bapana. Carita néma kana hiji kajadian, nyaéta paséana antara Dudung jeung indungna. Sipat kedul Dudung ngalantarankeun indungna aral subaha, tapi angger baé tungtungna mah mun Dudung boga kahayang ku indung bapana sok dianteur karepna. Carita tuluy néma deui kana hiji kajadian anu leuwih tragis, nyaéta bapana maot. Ti dinya kahirupan kulawargana beuki nyirorot, nepi ka Dudung jeung indungna hirup sangsara lantaran pakayana béak. Nya kajadian éta pisan anu ngajurung Dudung antukna babalik pikir, daék digawé ngabantuan indung, sarta antukna kahirupan kulawargana neut-neutan deui. Carita dipungkas ku hiji amanat atawa interprétasi nu muncul tina diri tokoh kana kajadian nu kaalaman saméméhna. Kahiji, indungna Dudung muji ka Gusti réh sipat anakna geus robah tina ngedul kana suhud digawé. Kadua, indungna Dudung nyarita yén lamun jalma hayang barang dahar nya kudu barang siar, atawa moal ngakeul mun teu ngakal. Struktur carita siga kitu téh lumrah kapanggih dina téks-téks carita. Éta struktur téks téh dimimitian ku orientasi, nyaéta ngawanohkeun heula tokoh palaku carita jeung pasipatanana atawa kaayaanana. Ditéma ku PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2015 118 insidén, nyaéta kajadian atawa masalah nu karandapan ku tokoh carita. Insidén nu kaalaman mangrupa runtuyan masalah nu antukna nimbulkeun akibat kana paripolah jeung pikiran tokoh utama. Akibat ogé nimbulkeun réaksi ti tokoh utama anu satemenna ngagambarkeun moral atawa hadé goréngna hiji tindakan tokoh nu bisa dijieun eunteung keur nu maca. Cindekna, insidén téh lain ngan sakadar runtuyan carita, tapi sacara teu langsung méré ajaran atawa amanat keur nu maca. Nya lebah dinya, insidén ogé sok disebut komplikasi. Ari interprétasi mah nyaéta évaluasi jeung akibat tina tindakan tokoh anu mangaruhan kana robahna sipat atawa robahna karakter éta tokoh. Ieu bagian saenyana nuduhkeun sawangan anu ngarang carita, boh langsung ditepikeun ku nu ngarangna atawa diselapkeun dina pikiran jeung omongan tokoh carita. Ieu sawangan téh lumrahna mah mangrupa amanat carita anu dipiharep jadi ajaran moral ka nu maca. Mun dijieun baganna mah struktur téks eksemplum téh kieu:

4. Analisis Téks Eksemplum