PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2015
70
d. kabudayaan téh sistem komunikasi nu dipakédi masarakat pikeun narima gawé babarengan pikeun lumangsungna hirup kumbuh
babarengan.
Tina wangenan anu dijieun ku Nababan, ngébréhkeun yén sakabéh sistem komunikasi nu digunakeun ku manusa, kaasup basa, éta téh
kaasup kabudayaan. Jadi, kabudayaan nyaéta sistem aturan-aturan komunikasi jeung interaksi anu ngamungkinkeun hiji masarakat bisa
dipiara jeung dimumulé.
2. Patalina Basa jeung Kabudayaan
Basa jeung budaya téhdua hal anu teu bisa dipisahkeun. Panalungtikan anu kasohor ngeunaan basa jeung budaya nyaéta tiori Sapir-Whorf.
Sapir-Whorf nétélakeunyén jalan pikiran jeung kabudayaan hiji masarakat ditangtukeun atawa dipangaruhan ku struktur Chaer, 2003:61,
sedengkeun Piaget Herman, 2009:1 nyebutkeun yén budaya pikiran baris ngawangun basa. Ku kituna lahir tiori kognitif ti Piaget. Pamadegan
anu rada béda jeung ieu hal nyaéta pamadegan ti Vigotsky erman, 2009:1, miboga pamadegan yén mekarna basa leuwih awal tibatan
mekarna budaya, sedengkeun Noam Chomsky miboga pamadegan yén kajian basa raket patalina jeung kajian budaya.
Nurutkeun Sturtevent, basa language nyaéta sistem lambang sawenang-wenang, mangrupa sora anu digunakeun ku anggota hiji
kelompok sosial
pikeun gawé
babarengan jeung
silih komunikasi.Nurutkeun Chomsky 1957:13 language is a set of
sentences, each finite length and contructed out of a finite set of elements.
Nurutkeun Koentjaraningrat1992 basa bagian tina kabudayaan. Hubungan antara basa jeung kabudayaan mangrupa hubungan
subordinatif, basa mangrupa bagian tina kabudayaan.
Di sagigireun éta, aya pamadegan anu nyebutkeun yén basa jeung kabudayaan miboga hubungan anu sipatna koordinatif, nyaéta hubungan
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2015
71
anu nétélakeunyén basa sadarajat jeung kabudayaan. Umumna réa ahli anu nétélakeunyén kabudayaan mangrupa main system, sedengkeun
basa mangrupa subsistem. Ngeunaan hubungan basa jeung kabudayaan anu sipatna koordinatif, aya dua hal anu raket pisan patalina antara
hubungan kabasaan jeung kabudayaan. Jadi nurutkeun ieu pamadegan, basa jeung kabudayaan téh mangrupa dua fénoména anu béda, tapi
duanana miboga hubungan anu kacida raketna.
Gambar 5 .2: Hubungan Koordinatif Basa jeung Kabudayaan
Gambar 5.3: Hubungan Subordinatif Basa jeung Kabudayaan
Nurutkeun hipotesis Sapir jeung Whorf, basa lain ngan saukur nangtukeun corak budaya, tapi basa nangtukeun cara jeung jalan pikiran
manusa. Hiji bangsa anu béda basana jeung bangsa nu séjénna, tinangtu baris miboga corak budaya jeung jalan pikiran anu bédaogé. Bédana
budaya jeung jalan pikiran manusa dibalukarkeun ku bédana basa. Basa mangaruhan kabudayaan jeung jalan pikiran manusa, kukituna ciri-ciri
anu aya dina hiji basa baris diébréhkeun dina sikep jeung budaya panyaturna. Hipotésis Sapir-Whorf ngébréhkeunyénbédana cara mikir
dibalukarkeun ku bédana basa.Sapir dan Whorf nétélakeunyén basa miboga peran anu penting dina nangtukeun jalan pikiran manusa.
Sistem basa miboga Fungsi mangrupa sarana lumangsungna interaksi manusa dina kahirupan masarakat, antukna dina paripolah ngagunakeun
Basa Kebudayaan
Kabudayaan Basa
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2015
72
basa kudu dibarung ku norma-norma anu aya di masarakat. Sistem paripolah basa nurutkeun norma-norma budaya disebut etika
ngagunakeun basa atawa tata cara ngagunakeun basa linguistic etiquette. Etika ngagunakeun basa raket patalina jeung milih kode basa,
norma-norma sosial, jeung sistem budaya anu lumangsung di masarakat. Kajian ngeunaan etika basa disebut etnografi berbahasa.
D. Kagiatan diajar