Prinsip Tatakrama Basa Tatakrama Basa Sunda di SD a. Wangenan Tatakrama Basa

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 66 3

C. Pedaran Matéri

1. Tatakrama Basa Sunda di SD a. Wangenan Tatakrama Basa

Tatakrama basa bisa disebut og’e undak usuk basa. Numutkeun sawatara ahli asupna undak-usuk kana basa Sunda téh ti mimiti abad ka-17, dina mangsa sabagian tatar Sunda kaereh ku Mataram. Utamana wewengkon Priangan, saperti: Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Bandung, Sumedang, Sukabumi, jeung Cianjur Tamsyah 1987: 9. Numutkeun Sudaryat, Spk. 2013: 294 undak usuk basa atawa tatakrama basa mangrupa sopan santun makéna basa dina waktu komunikasi. Ieu sopan santun etiket téh geus di sayuluan jeung dianjénan jadi hiji kahadéan ku warga masarakatna pikeun silih hormat jeung silih anjénan. Palebah dieu, undak usuk basa atawa tatakrama basa téh jadi hiji sistem ngagunakeun ragam basa hormat-teu hormat anu raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, jeung kontak antara panyatur jeung pamiarsa katut jalma nu dicaritakeun. Tatakrama basa di SD kacida perlu diajarkeun, lantaran kujalan ngajarkeun tatakrama basa, sacara teu langsung ngajarkeun ogé karakter kasopanan, rasa hormat, silih ajénan, silih pikanyaah, rasa hormat ka saluhureun, ka guru, ka kolot, jeung kaluhuran budi pekerti.

b. Prinsip Tatakrama Basa

Numutkeun Sudaryat, Spk. 2013: 294 undak usuk basa atawa tatakrama basa mangrupa kasopanan dina makéna basa. Ari prinsip kasopanan téh miboga sababaraha rupa maksim, nyaéta: 1 maksim kawijaksanaan, 2 maksim handap asor, 3 maksim kacocog, 4 maksim katumarima, 5 maksim kasimpati, jeung 6 maksim balabah. 1 Maksim kawijaksanaan meredih omongan ku cara ngaréaan kauntungan atawa ngurangan karugian ka pamiarsa, diwangun ku omongan komisif jeung impositif. Contona : a Mun bisa, kuring rék nepungan ka imah Bapa. teu hormat. b Upami tiasa, abdi badé nepangan ka bumi bapa. hormat PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 67 3 2 Maksim Katumarima meredih sangkan omongan panyatur ngurangan kauntungan keur dirina atawa loba ngarurugi karep, diwangun ku omongan komisif jeung impositif. Contona, omongan kurang hormat, sabalikna omongan leuwih hormat. a Cing ulah ngaroko baé, atuh teu hormat b Aya saéna upami rokona dipareuman. hormat 3 Maksim pangcocog meredih sangkan omongan panyatur kudu leuwih cocog jeung pamiarsa, kurangan omongan anu teu cocog, bisana diwangun ku omongan asértif jeung éksprésif. Omongan si B dina wacana leuwih sopan tur cocog jeung kalimah si A, sabalikna omongan si C mah henteu cocog. A : Basa Sunda téh énténg bangga, nya? B : Enya. C : Ah, ceuk saha sakitu babarina. 4 Maksim kasimpatian meredih sangkan omongan panyatur ngalobaan rasa simpati atawa ngurangan antipati ka pamiarsa, bisana diwangun ku omongan asértif jeung éksprésif. Dina wacana ieu di handap, omongan si B nuduhkeun rasa simpati ka si A, sabalikna omongan si C nuduhkeun rasa kurang simpati atawa antipati. A : Kuliah téh tiwas, teu bisa maju. B : Sabar wé, lain nasib mereun. C : Wah, pinter, nya. 5 Maksima Balabah meredih sangkan omongan panyatur ngalobaan panghormatan jeung pamuji ka pamiarsa atawa ngurangan pamuji ka dirina, bisana diwangun ku omongan ékprésif jeung asértif. Contona, dina wacana di handap, omongan si A loba muji pamiarsa, jawaban si B ngurangan pamuji ka dirina. Kitu deui, jawaban si C loba muji si A. A : Raos pisan angeun téh, Ceu. B : Ah, angeun kieu disebut raos. C : Saha heula atuh nu ngangeunna, ceu Juju. 6 Maksima handap asor meredih sangka omongan panyatur leuwih loba ngahormatna atawa ngomah-ngomahan haté pamiarsa atawa PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 68 3 ngurangan basa loma atawa kasar, diwangun ku omongan asértif jeung éksprésif. Dina wacana ieu di handap, omongan si A narékahan sangkan nguntungkeun pamiarsa, sabalikna jawaban si B ngurangan panghormatan atawa handap asor. A : Saurna, tuang putra téh juara umum di sakolana ? B : Ah, saur saha? Pun anak mah ngedul, tara ngapalkeun.

c. Ragam Tatakrama Basa Ari enas-enasna, munculna tatakrama basa téh gumantung kana tilu