Galur Omongan Laku Basa

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 72 3 Wacana ngébréhkeun yén ceuceu “katatamuan nepi ka teu bisa solat”. Lamun judulna diganti ku “palangan”, anu dimaksud ku “tamu’ téh saenyana menstruasi’. Geura bandingkeun

e. Galur Omongan

Galur omongan mangrupa jenglengan basa anu dipaké waktu lumangsungna komunikasi. Galur omongan aya patalina jeung 1 adegan omongan katut 2 laku basa. Ieu di handap pedaran hiji-hijina. 1 Adegan Omongan Ari adegan omongan atawa adengan basa diwujudkeun ku sora, runtuyan kecap word order, wangunan konstruksi, jeung pilihan kecap diksi. Ku kituna, adegan omongan miboga dua lapisan, nyaéta adegan lahir jeung adegan batin. Adegan lahir surface structure mangrupa kedaling sora répréséntasi fontesis, wujudiahna sora kayaning fonem, morfem, kecap, frasa, klausa, jeung kalimah, ayana dina wilayah baham, mangrupa paripolah ucap parole, competence, sipatna hétérogén tur rinéka, antukna gancang robah. Adegan batin deep structure mangrupa aturan, rumus, atawa kaédah basa kayaning flonologi, morfologi, sintaksis, leksikon, jeung sematik, ayana dina wilayah uteuk, mangrupa kamampuh basa langue, competence, sipatna homogén tur rélatif angger. Dina galur omongan, anu relatif hésé robah téh nya éta langue rumus- rumus basa, sipatna angger, sawarna, tur teu kapangaruhan ku sistem anyar. Najan kitu, kedaling atawa éksprésina mah nu sok disebut parole ucapan relatif robah tur anekawarna, loba kapangaruhan ku sistem anyar, katembresan pangaruh waktu, tempat jeung situasi.

f. Laku Basa

Laku basa language event atawa pola ucap speech act mangrupa paripolah omongan anu dipaké ku panyatur waktu komunikasi basa. Disawang tina jihat pragmatis, sakurang-kurangna aya tilu rupa laku basa, nyaéta lakuning ucap, lakuning gawé, jeung lakuning rasa. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 73 3 Lakuning ucap atawa tindak lokusi mangrupa polah basa pikeun ngedalkeun hiji hal ka nu lain The act of saying something. Dina lakuning ucap diwawarkeun hiji perkara saayanaan, teu dijieun-jieun, komo bari disumputsalindungkeun mah. Contona : Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Sunda aya dina wengkuan Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni FPBS Universitas Pendidikan Indonesia UPI. Pernahna di jalan Dr. setiabudhi no 229. Teleponna 022 2013163 Pes. 2407, Bandung 40154. Lakuning gawé atawa tindak ilokusi mangrupa polah basa pikeun milampah hiji hal The Act of Doing Something. Dina lakuning gawé henteu ngan ukur dipaké pikeun ngawawarkeun hiji hal, tapi ogé dipaké pikeun milampah hiji hal. Contona : Jang, geus panjang buuk téh. Gimbal deuih. Omongan di luhur henteu ngan sakadar ngabéjaan yén buuk geus panjang’, tapi nitah sangkan “buuk téh kudu dicukur jeung dikuramas”. Lakuning rasa atawa tindak perlokusi mangrupa pola basa anu dipaké pikeun mangaruhan pamiarsa The Act of Affecting basa anu dipaké ku golongan masyarakat nu tangtu, di antarana, aya basa budak, basa rumaja, jeung basa kolot, disebut sosiolek atawa dialék sosial. Ragam basa anu dipaké dina wengkuan waktu anu béda, upamana, aya basa Sunda buhun, jeung aya basa Sunda kiwari, disebut kronolék atawa dialék témporal. Ragam basa anu dipaké pikeun tujuan nu tangtu luyu jeung fungsina disebut fungsiolek atawa dialék fungsional. Ragam basa anu has dipaké ku saurang panyatur disebut idiolek atawa dialek individual. Disawang tina sikep pamaké basa, aya nu disebut gaya basa, nyaéta ragam basa anu has tur imajinatif nimbulkeun pangaruh efek anu leleb karasana ka pamiarsa. Gaya basa bisa dipasing-pasing dumasar kana 1 adegan kalimah, saperti gaya basa klimaks, antiklimaks, pararelisme, antitésis, jeung répétisi; 2 nada, saperti gaya basa basajan, singer tengah, jeung gaya basa ruwed; 3 pilihan kecap diksi, saperti gaya basa resmi jeung teu resmi; jeung 4 harti, saperti gaya basa aliterasi, PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 74 3 eufimismeu, litotés, pleonasme, hiperbola, paradok, métafora, personifikasi, metonomia, jeung sindiran. Disawang tina pamakéna basa, ragam basa bisa dibédakeun nurutkeun 1 jejer omongan, kayaning ragam basa agama, politik, ilmiah, téhnologi, ekonomi, seni, jeung hukum; 2 medium sarana, kayaning ragam basa lisan jeung ragam basa tulis; jeung 3 hubungan pamaké basa, kayaning ragam basa hormat jeung loma, ragam basa resmi jeng teu resmi, ragam basa baku jeung teu baku.

g. Amanat Omongan