Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompeténsi

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 61

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pek cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disadiakeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkemmatéri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem bahan 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana matéri Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui sarta deres matéri dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna matéri nu tacan kacangkem kalawan daria, soson-soson, tur disiplin. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 62 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 63 KOMPETENSI PROFÉSIONAL TATAKRAMA BASA, SORA BASA, PUPUH, JEUNG CARPON PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 64 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 65 3 KAGIATAN DIAJAR 3 TATAKRAMA BASA JEUNG POLA SORA BASA

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 3 saperti ieu di handap. 1. Sanggeus maca modul, pamilon mampuh ngajéntrékeun wangenan tatakrama basa kalawan percaya diri. 2. Sanggeus maca, pamilon mampuh ngaidéntifikasi prinsip-prinsip tatakrama basa kalawan percaya diri. 3. Sanggeus tanya jawab, pamilon mampuh ngaidéntifikasi panta-panta basa Sunda kalawan daria. 4. Sanggeus sawala, pamilon mampuh méré conto basa Sunda lemes keur ka batur dina wangun kalimah nu merenah kalawan kréatif. 5. Sanggeus maca modul, pamilon mampuh ngaidéntifikasi ambahan pola sora, pola sora basa, fonem, jeung konsonan basa Sunda kalawan tanggung jawab jeung percaya diri. 6. Sanggeus tanya jawab, pamilon kalawan babarengan mampuh ngajéntrékeun runtuyan sora, engang, kecap, kluster, ciri-ciri suprasegmental, jeung rinéka sora basa Sunda kalawan taliti.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

1. Ngajéntrékeun wangenan tatakrama basa. 2. Ngaidéntifikasi prinsip-prinsip tatakrama basa. 3. Ngaidéntifikasi panta-panta basa Sunda. 4. Méré conto basa Sunda lemes keur ka batur dina wangun kalimah. 5. Ngaidéntifikasi ambahan pola sora, pola sora basa, fonem, jeung konsonan basa Sunda kalawan taliti jeung percaya diri. 6. Ngajéntrékeun runtuyan sora, engang, kecap, kluster, ciri-ciri suprasegmental, jeung rinéka sora basa Sunda kalawan taliti. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 66 3

C. Pedaran Matéri