1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
37
d.  Siswa menyampaikan jawaban hasil sawala di depan kelompok lain. e.  Siswa  mengumpulkan  informasi  terkait  materi  Tumbuhan  Sumber
kehidupan dengan cara membaca buku lain, atau mencari di internet. f.  Siswa berdiskusi dalam kelompok tentang informasi yang didapatkan.
g.  Perwakilan  siswa  mempresentasikan  hasil  kerja  kelompok  di  depan
kelas.
Catétan: kecap-kecap anu dikandelan nuduhkeun aktivitas pamarekan saintifik.
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
38
LEMBAR KERJA KOMPETÉNSI PÉDAGOGIK LARAPNA PAMAREKAN SAINTIFIK DINA TÉMATIK PANGAJARAN BASA SUNDA DI SD
Pituduh:
1. Pék titénan matéri larapna pamarekan saintifik dina pangajaran basa Sunda dina Modul Kelompok Kompeténsi C
2. Diskusikeun dina kelompok pikeun ngajawab pertanyaan ngeunaan kagiatan pangajaran basa Sunda maké pamarekan saintifik
3. Tuliskeun jawaban hasil diskusi dina kolom ieu di handap No.  Kagiatan Pangajaran Basa Sunda Maké Pamarekan Saintifik
1. Nengétan
2. Nanya
3. Ngumpulkeun Informasi
4. Ngolah informasi
5. Ngomunikasikeun
LK 1
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
39
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan  diajar  nu  kudu  dilaksanakeun  ku  Sadérék  kalawan  gawé babarengan  tur  percaya  diri  nyoko  kana  runtuyan  kagiatan  saperti  Model
Literasi Kewacanaan CALISLAUJI nu ngawengku:
1 maca tujuan jeung indikator kalawan konsentrasi; 2  maca  pedaran  bahan  ngeunaan  Pamarekan  Tématik  Terpadu,
Komunikatif jeung Saintifik dina Pangajaran Basa Sunda sacara mandiri; 3 nulis rangkuman matéri unggal-unggal kagiatan diajar hasil maca sacara
soson-soson tur kréatif;
4 ngaregepkeun paparan matéri ti fasilitator, tanya jawab, sawala kelompok pikeun migawé latihan LK atawa pancén kalawan tanggung jawab;
5 latihan soal-soal pilihan ganda pikeun nguatkeun matéri postés kalawan soson-soson tur disiplin;
6  ujianpostes  di  Tempat  uji  Kompeténsi  TUK  anu  geus  ditangtukeun kalawan disiplin tur tanggung jawab.
E.  LatihanPancén
Sawalakeun  babarengan  dina  kelompok  pikeun  ngajawab  ieu  pananya  di handap kalawan tanggung jawab jeung disiplin
1.  Tuliskeun léngkah-léngkah pamarekan tématik terpadu di SD 2.  Jentrékeun  opat  unsur  kamampuh  komunikatif  numutkeun  Canale  jeung
Swain 3.  Jéntrékeun kalawan singget nu dimaksud kagiatan diajar langsung direct
learning jeung teu langsung indirect learning 4.  Aya  sababaraha  istilah  anu  digunakeun  dina  lumangsungna  kagiatan
diajarnya, nyaéta: pamarekan, strategi, model, jeung metode pangajaran. Jéntrékeun kalawan singget ngeunaan éta istilah
5.  Jéntrékeun léngkah-léngkah kagiatan observasi dina pamarekan saintifik pangajaran basa Sunda