1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
23
1 Improvisasi 2 Lakon pondok tur lucu
3 Rupa-rupa simulasi 4 Dialog jeung bermain peran
5 Sistem konversasi jeung sawala 6 Debat
Gambar 1. 6 Komunikasi Interaksi Sosial
e. Aspék-aspék anu Raket Patalina jeung Pamarekan Komunikatif
Aya dalapan aspék anu raket patalina jeung pamarekan komunikatif Nunan, 1989 dina Solchan, spk.2001:6.6. Hiji-hijina bisa ditingali
dina tabél ieu di handap.
Tabel 1. 3 Aspék-aspék anu Raket Patalina jeung Pamarekan Komunikatif
No. Aspék
Keberma’naan dina Pamarekan Komunikatif 1
2 3
1. Tiori Basa Pamarekan komunikatif dumasar kana téori basa anu
nétélakeun yén hakékatna basa téh nyaéta sistem pikeun ngaéksprésikeun
ma’na, anu tujul utamana kana diménsi sémantik jeung komunikatif tibatan kana ciri-ciri gramatikal basa.
Ku kituna, nu jadi hal utamana masalah interaksi komunikasi basa.
2. Tiori Diajar Tiori diajar anu luyu jeung pamarekan komunikatif nyaéta tiori
pemerolehan basa kahiji kalawan alamiah. Ieu tiori nganggap yén diajar basa baris éféktif lamun diajarkeun kalawan alamiah,
nepi ngaliwatan komunikasi langsung ngagunakeun éta basa. 3.
Tujuan Pangabutuh siswa dina diajar basa raket patalina jeung
pangabutuh pikeun komunikasi. Ku kituna, tujuan pangajaran basa nyaéta mekarkeun kamampuh siswa pikeun bisa
komunikasi. Jadi, ayana kagiatan aworna kompeténsi jeung performansi komunikasi.
4. Silabus
Silabus pangajaran kudu disusun luyu jeung tujuan pangajaran jeung pangabutuh siswa.
5. Tipe
Kagiatan Dina pangajaran basa Sunda anu nerapkeun pamarekan
komunikatif, siswa dibawa kana situasi komunikasi anu nyata, saperti silih tukeuran informasi, négosiasi riil, jst.
6. Peran
Guru Peran guru dina pangajaran anu nerapkeun pamarekan
komunikatif, utamana salaku fasilitator, partisipan, analisis pangabutuh, konselor, jeung manajer prosés diajar.
7. Peran
Siswa Peran siswa dina pangajaran basa Sunda anu nerapkeun
pamarekan komunikatif minangka nu ngajalanan jeung nu narima, negosiator, jeung interaktor. Ku kituna siswa henteu
ngan saukur pangabisa kana wangun basa, tapi ogé nyangkeum
wangun jeung ma’na basa nu dipatalikeun jeung Komunikasi
Interaksi Sosial
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
24
kontéks dipakéna éta basa. 8.
Peran Matéri
Matéri kudu dirarancang jeung diajarkeun ka siswa dina raraga ngarojong usaha ngaronjatkeun kaparigelan basa.
Sumber: diadaptasi tina Santosa, Universitas Terbuka,2008:2.36
Larapna pamarekan komunikatif dina pangajaran basa Sunda dibagi jadi dua kagiatan, nyaéta kagiatan anu museurkeun kana
parigel activities focusing on fluency jeung kagiatan anu museurkeun merenah activities focusing on accuracy. Guru basa
Sunda di SD disarankeun sangkan ngagunakeun dua jenis kagiatan kalawan saimbang.
Kagiatan basa Sunda anu museurkeun kana parigel activities
focusing on fluency, ngawengku: 1 ngaréfléksikeun ngagunakeun basa kalawan alamiah; 2 fokus kana kahontalna tujuan
komunikasi; 3 ngagunakeun basa kalawan berma’na; 4
ngagunakeun stratégi komunikasi; 5 ngahasilkeun basa anu mungkin muncul ujug-ujug, ngadadak, teu diduga-duga; jeung 6
ngagunakeun basa luyu jeung kontéks digunakeunanan basa Sunda.
3. Pamarekan Saintifik dina Pangajaran Tématik Terpadu Basa Sunda di SD