1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
32
nepikeun  masalah  anu  kudu  diékspériménkeun;  6  ngabagi  kertas kerja  ka  siswa;  7  ngabimbing  siswa  ngalaksanakeun  ékspérimén;
jeung 8 ngumpulkeun hasil gawé siswa diteruskeun ku meunteun.
d.  NgaasosiasiNgolah Informasi
Dina kagiatan ngaasosiasingolah informasi aya kagiatan nalar. Istilah “menalar”  dina  raraga  prosés  pangajaran  nu  maké  pamarekan  ilmiah
Kurikulum  2013  pikeun  ngagambarkeun  yén  guru  jeung  siswa mangrupa palaku aktif. Penalaran nyaéta prosés mikir anu logis jeung
sistimatis  ngeunaan  fakta-fakta  empiris  anu  bisa  diobservasi  pikeun nyieun kacindekan mangrupa pangaweruh.
Dina  ieu  kontéks
istilah “nalar” mangrupa  sasaruaan tina associating, lain mangrupa terjemahan tina reasonsing, sok sanajan ieu istilah ogé
hartina  menalar  atawa  penalaran.  Ku  kituna,  istilah  aktivitas  menalar dina kontéks pangajaran dina Kurikulum 2013 maké pamarekan ilmiah
nyokot kana tiori diajar asosiasi. Cara  ngalarapkeun  aktivitas  pangajaran  pikeun  ngaronjatkeun  daya
nalar  siswa:  1  guru  nyusun  bahan  pangajaran  sagemblengna,  2 guru  henteu  loba  ngagunakeun  metodeu  ceramah  atawa  metodeu
kuliah, 3 pancén utama guru nyaéta méré instruksi singget tapi jéntré dibarung  ku  conto-conto,  4  matéri  pangajaran  disusun  luyu  jeung
jenjang  atawa  hirarkis,  dimimitian  tina  bahan  anu  basajan  nepi  ka matéri anu kompléks, tina bahan anu deukeut jeung siswa kana matéri
anu jauh jeung siswa, jst.; 5 kagiatan pangajaran museur kana hasil diajar anu bisa diukur jeung diobservasi, 6 unggal-unggal kasalahan
kudu gancang-gancang dibenerkeun, 7 perlu ayana latihan sangkan perilaku  anu  dipikahayang  jadi kabiasaan, 8  évaluasi  dumasar kana
perilaku  nyata  auténtik,  9  guru  nyatet  sagala  kahéngkéran  diajar siswa  pikeun  matéri  rémédial,  atawa  sagala  kamajuan  diajar  siswa
pikeun matéri pangayaan.
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
33 e.  Ngomunikasikeun
Dina  kagiatan  ngomunikasikeun  bisa dibarung
ku kagiatan
kolaborasi. Pangajaran  kolaboratif  mangrupa  filsafat
personal. Dina
pangajaran berbasis
kolaboratif  kewenangan  jeung  fungsi  guru sipatna diréktif atawa manajer diajar.
Sabalikna, siswa kudu leuwih aktif. Siswa ngayakeun interaksi kalawan empati,  silih  hormat,  sarta  narima  kakurangan  jeung  kaleuwihan
masing-masing.  Ku  cara  ieu,  baris  tumuwuh  rasa  aman  pikeun babarengan  ngungkulan  robahna  jaman  luyu  jeung  pameredih
pangajaran.
4.  Prinsip-prinsip Pamarekan Saintifik