Léngkah-léngkah Kagiatan Modél Tématik Terpadu

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 14 mampuh ngahijikeun sakabéh aspék pangajaran basa, sangkan kaparigelan basa nu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis dimekarkeun luyu jeung rarancang anu gembleng. Saperti conto ieu gambar. Gambar 1. 1 Model Terpadu Kaunggulan Modél Tématik Terpadu nyaéta siswa baris ngarasa gumbira tur jembar pangawéruhna. Lamun ieu modél dilarapkeun sacara bener bisa dijadikeun modél pangajaran anu idéal di lingkungan sakola ngaliwatan “integrated day”. Kahéngkéran ieu modél nyaéta: 1 héséna néangan patalina hiji matéri jeung matéri nu séjénna antar mapel, 2 héséna néangan patalina aspék kaparigelan, jeung 3 merlukeun gawé babarengan antar tim guru mapel anu mapelna aya patalina, luyu jeung rancangan tur alokasi waktu anu merenah. Ieu model Integrasi téh dipaké ku guru pikeun ngahijikeun sababaraha kompeténsi anu katempona sarua tina sababaraha mapel. Téma baris kapanggih lamun seug sakabéh KD-na geus diintegrasikeun. Lampiran III Permendikbud No. 57 Taunn 2014.

d. Léngkah-léngkah Kagiatan Modél Tématik Terpadu

1 Maca tur nyangkem KI jeung KD tina sakabéh mapel. 2 Maca Standar Isi Mapel Bahasa Indonesia, Matématika, IPS, jeung IPA diteruskeun ku neuleuman eusi KI jeung KD. 3 Néangan KD Bahasa Indonesia, Matématika, IPA jeung IPS anu bisa dihijikeun dina téma-téma nu geus ditangtukeun anu luyu. 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 15 Ieu prosés baris ngahasilkeun golongan-golongan KD dina unit- unit téma. 4 Nuliskeun téma anu geus dipilih jeung susunan KD-KD Bahasa Indonesia, Matématika, IPS jeung IPA luyu jeung éta téma. Pangajaran Tématik Terpadu anu dilarapkeun di SD dina Kurikulum 2013 dumasar kana Permendikbud no. 22 Tahun 2016 ngeunaan Standar Prosés Pendidikan Dasar dan Menengah, anu nétélakeun yén : “luyu jeung Standar Kompetensi Lulusan jeung Standar Isi, ku kituna prinsip pangajaran anu digunakeun ti pangajaran anu sifatna parsial dirobah kana pangajaran terpadu”. Larapna pangajaran tématik terpadu dina Kurikulum 2013 di jenjang SDMI ti mimiti kelas I nepi ka kelas VI. Pamarekan anu digunakeun pikeun ngaintegrasikeun KD ti sababaraha mapel, ngawengku: 1 intra-disipliner, 2 inter-disipliner, 3 multi-disipliner, jeung 4 trans-disipliner. 1 Intra-disipliner nyaéta integrasina diménsi sikep, pangawéruh, jeung kaparigelan sacara gembleng dina tiap mapel anu diintegrasikeun dina téma. 2 Inter-Disipliner nyaéta ngagabungkeun KD-KD sababaraha mapel sangkan aya patalina. Contona dina struktur Kurikulum SD kelas I-III, teu aya mapel IPS jeung IPA, tapi muatan matéri IPA jeung IPS diintegrasikeun kana mapel Bahasa Indonesia. 3 Multi-Disipliner nyaéta pamarekan tanpa ngagabungkeun KD, ku kituna unggal-unggal mapel masih miboga KD-Kd na sorangan. Contona Mapel IPA jeung IPS anus acara mandiri diajarkeun di kelas IV-VI SD. 4 Trans-Disipliner nyaéta pamarekan anu dina nangtukeun téma téh, matalikeun rupa-rupa KD ti mapel-mapel anu aya masalah jeung lingkungan sabudeureunana. Pangajaran tématik terpadu disusun dumasar gabungan rupa-rupa prosés integrasi kompeténsi. Pangajaran tématik terpadu dieuyeuban ku ditempatkeunana mapel Bahasa Indonesia salaku penghelaalatmedia mapel nu séjénna. Penilaian dilakukeun ku cara museur kana indikator masing- masing KD unggal-unggal mapel. Pangajaran Tématik Terpadu, nyodorkeun konsép-konsép anu aya dina KD KI-3 jeung KD KI-4 tur miharep mampuh mekarkeun rupaning sikep anu aya dina KI-1 jeung K-2. Téma nyaéta: pokok pikiran atawa gagasan pokok anu jadi pokok pembicaraan Poerdarminta, 1983. 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 16 Sacara psikologis, pangajaran tématik terpadu dumasar kana éksplorasi pangawéruh jeung nilai-nilai anu diajarkeun ngaliwatan téma, nepi ka siswa nyangkeun matéri sacara gembleng. Siswa diposisikeun salaku subyek anu ngaéksplor matéri nepi ka mampuh manggihan hubungan-hubungan jeung pola-pola anu aya di ieu dunya dina kontéks anu relevan.

e. Kaunggulan Ngagunakeun Téma