Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 41 Pangajaran dina Kurikulum 2013 ngagunakeun pamarekan saintifik atawa pamarekan berbasis prosés keilmuan. Pamarekan saintifik bisa ngagunakeun sababaraha stratégi atawa modél pangajaran kontékstual. Modél pangajaran anu diwanohkeun dina Kurikulum 2013 ngawengku: Discovery Learning Inquiry jeung Learning.Project-Based Learning. Impleméntasina pamarekan saintifik mangrupa cara ngaorganisasikeun pangajaran ngaliwatan prosés: a Nengétan observation, b nanya questioning,c ngumpulkeun informasinyoba data colectionaexperiment, d asosisasingolah informasi association; jeung, e ngomunikasikeun communication. Kagiatan diajar ngajar langsung baris ngahasilkeun pangawéruh jeung kaparigelan anu sipatna langsung ogé, disebut dampak pangajaran instructional effect. Dina Kurikulum 2013, kagiatan diajar ngajar anu langsung raket patalina jeung ngamekarkeun pangawéruh jeung kaparigelan nu aya dina KI-3 pangawéruh jeung KI-4 kaparigelan.Dina kagiatan diajar ngajar anu sipatna teu langsung, maksudna salila lumangsungna kagiatan diajar ngajar baris ngahasilkeun dampak pengiring nurturant effect. Dina Kurikulum 2013, kagiatan diajar ngajar anu teu langsung raket patalina jeung ngamekarkeun nilai sarta sikep nu aya dina KI-1 sikep spiritual jeung KI-2 sikep sosial.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 42 Lamun Sadérék ngahontal matéri ajar 80 ka luhur, bisa nuluykeun matéri kagiatan diajar 2 tapi, lamun tahap ngawasa kurang ti 80, pék balikan deres deui matéri dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna matéri nu tacan kacangkem kalawan daria, disipilin, tur tangung jawab. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 43 KAGIATAN DIAJAR 2 MODÉL PANGAJARAN BASA SUNDA DUMASAR KURIKULUM 2013

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 2 ngawengku ieu di handap. 1. Sanggeus masa pedaran matéri, pamilon mampuh ngajéntrékeun wangenan Modél Pangajaran Berbasis Penemuan Discovery LearningInquiry Leraning kalawan percaya diri. 2. Bari diskusi kelompok, pamilon mampuh ngaidéntifikasi léngkah-léngkah operasional impleméntasi Modél Discovery Learning Inquiry Leraning dina prosés diajar ngajar kalawan tangung jawab. 3. Sanggeus latihan, pamilon mampuh nyieun conto penerapan Modél Pangajaran Discovery Learning Inquiry Leraning dina pangajaran basa Sunda kalawan kréatif. 4. Sanggeus sawala, pamilon mampuh gawincik léngkah-léngkah Modél Pangajaran Berbasis Masalah Problem Based Learning kalawan percaya diri. 5. Sanggeus maca pedaran matéri, pamilon mampuh ngajéntrékeun wangenan Modél Pangajaran Berbasis Proyek Project Based Learning, kalawan taliti . 6. Sanggeus tanya jawab, pamilon mampuh ngaidéntifikasi karakteristik PjBL Modél Pangajaran Berbasis Proyek Project Based Learning, kalawan kréatif. 7. Sanggeus sawala kelompok, pamilon mampuh ngaidéntifikasi léngkah- léngkah operasional Modél Pangajaran Berbasis Proyek Project Based Learning kalawan percaya diri. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 44 2

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi