Pupuh jeung Mantra Ngagunaken Pupuh Harti Pupuh Babandingan Pupuh Sunda jeung Pupuh Jawa

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 95 4 Sekar ageng atawa tembang gedé disebut ogé ‘macaro’ lagu. Nurutkeun Hadisumarno, sekar ageung disusun ku Prabu Daniswara dina taun 1088 Masehi. Pupuh nu kaasup kana ieu sekar diantarana: Banjaransari, Candrawilasita, Dadap mantep, Hasta kuswala, Langen asmara, Madu ratna, Padmawicitra, Surarétna, jeung Wisati kendéh. Sekar tengahan ’ atawa ‘sekar dagelan’ disebut ‘macatri lagu’. Ieu sekar diciptakeun ku Prabu Daniswara Raja medang kamulan taun 1090 Maséhi. Pupuh nu kaasup kana sekar aya 51 rupa, diantarana Girikatang, Duduk wuluk, Jaya raga, Kalayar, Lambang sari.

b. Pupuh jeung Mantra

Najan munculna pupuh sabada abad ka-17, tapi lain hartina dina jaman saméméhna masarakat Sunda teu nyaho kana jenis puisi anu aya patalina jeung guru wilangan. Ieu hal dibuktikeun ku sababaraha karya sastra Sunda kuno anu ditulis dina abad ka-15 jeung ka-16. Naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian nyebutkeun sajumlah kawih, nyaéta lagu anu dinyanyikeun. Éta kawih-kawih contona kawih bwatuha, kawih panjang, kawih lalanguan, kawih panyaraman, jeung sajabana. Béda jeung pupuh, teu sakabéh jumlah wilangan sarua jeung masing- masing guru laguna. Ku kituna, puisi-puisi Sunda kuno jumlahna dalapan engang. Lamun ditilik sajarahna kanyataanana yén dalapan engang téh aya patalina jeung mantra. Mantra, salaku kecap-kecap anu dipercaya, miboga kakuatan supernatural, ngagunakeun sistem canda atawa engang anu miboga jumlah rupa-rupa. Mantra bisa kawangun tina dalapan nepi dua puluh opat engang dina sabait.

c. Ngagunaken Pupuh

Pupuh diciptakeun pikeun aprésiasi. Salaku média seni jeung komunikasi, pupuh bisa dikomunikasikeun ku sababaraha cara. Bisa ditulis ku cara wawacan atawa puisi atawa bisa dinyanyikeun salaku rumpaka ku iringan pétikan kacapi, gésékan rebab, jeung tiupan suling. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 96 4

d. Harti Pupuh

Ajip Rosidi, Edi S, Ekadjati dina Ensiklopediana medar pupuh ku ningali wangenan dangding, Dangding mangrupa basa ugeran atawa puisi dina bait-bait ikétan pupuh. Pupuh mangrupa ngaran hiji basa ugeran nu geus tangtu jumlah padalisanna di unggal pada, jeung geus tangtu jumlah engang sarta voal ahir unggal padalisan. Dina wangenan di luhur, pupuh mangrupa pikeun nyieun dangding anu émang aya saeutik hal nu ngabingungkeun ngeunaan wangenan dangding jeung pupuh, sabab sacara implisit dina dangding téh aya rupa-rupa wangun pupuh.

e. Babandingan Pupuh Sunda jeung Pupuh Jawa

Anapon, sekar ageung jeung sekar kawi patali kana aturan nu magrupa guru laku jeung pedotan. Ieu aturan dipraktékkeun nalika ngalagukeun sekar nu pakait. Guru laku mangrupa frase-frase dina unggal unggal padalisan. Frase kahiji disebut guru, frase kaduapamungkas disebut laku. Dina dasarna, hiji lagu ngawengku guru jeung laku. Nalika guru aya opat kecap jeung laku aya opat engang. Ku kituna laku aya dalapan engang. Dina tembang Sunda, istilah guru museur kana angkatan wirahma, istilah laku ngacu kana pungkasan wirahma. Dina sekar kawi, lagu sahenteuna kudu diwujudkeun minimal ku lima engang dina unggal pada lisan pada pala. Di handap mangrupa conto engag dina sababaraha sekar kawi 1 Lagu 5, guru 1 dan laku 4, disebut angkat Nanda 2 Lagu 6, guru 2 dan laku 4, disebut angkat Badra 3 Lagu 7, guru 3 dan laku 4, disebut angkat Nari 4 Lagu 8, guru 4 dan laku 4, disebut angkat Badrasri 5 Lagu 5, guru 4 dan laku 1, disebut angkat Tyukta 6 Lagu 6, guru 4 dan laku 2, disebut angkat Tyukta 7 Lagu 7, guru 4 dan laku 3, disebut angkat Madyama 8 Lagu 8, guru 4 dan laku 4, disebut angkat Patista

f. Wangun Pupuh