Prinsip-prinsip Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda di SD Karakteristik Kamampuh Komunikatif

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 21 Larapna dina pangajaran basa Sunda di SD saperti ieu di handap. 1. Kompeténsi Kabasaan Kompeténsi kabasaan téh asup kana ranah kapasitas gramatikal jeung leksikal basa Sunda. Siswa SD dianggap mibanda kompeténsi kabasaan basa Sunda lamun mampuh: cara ngalafalkeun, éjahan, kaidah wangun kecap, ugeran kalimah baku, ugeran kabeungharan, jeung ugeran ma’na basa Sunda. 2. Kompeténsi Aksional Kompeténsi aksional disebut ogé kompeténsi tindak basa, lantaran dipatalikeun jeung waktu ngagunakeun basa Sunda. Waktu ngagunakeun basa lisan, misalna: guru SD muji siswana, guru SD ménta informasi ngeunaan hiji hal jst. 3. Kompeténsi Sosiokultural Kompeténsi sosiokultural, pakait jeung kontéks sosio-kultural dina waktu lumangsungna komunikasi. Guru SD ngagunakeun basa Sunda kudu luyu jeung kontéks di mana jeung iraha éta basa Sunda digunakeunana. 4. Kompeténsi Stratégis Kompeténsi stratégi pakait jeung kuatna stratégi dina waktu lumangsungna komunikasi ngagunakeun basa Sunda nu ngawengku: ngamimitian, eureun, mertahankeun, ngoméan, jeung museurkeun deui komunikasi.

c. Prinsip-prinsip Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda di SD

Prinsip-prinsip pamarekan komunikatif numutkeun Richards 2006, ngawengku: 1 komunikasi anu nyata jadi fokus dina pangajaran basa Sunda di SD; 2 guru méré kasempetan ka siswa SD pikeun ngalaksanakeun ékspérimén rupa-rupa kompeténsi anu geus kapimilik ku dirina; 3 guru méré toléransi kana kasalahan- kasalahan basa Sunda anu dilakukeun ku siswa SD, lantaran jadi pituduh ayana prosés mekarkeun kompeténsi komunikasi; 4 guru méré kasempetan ka siswa SD pikeun mekarkeun kalancaran ngagunakeun basa; 5 guru SD matalikeun rupa-rupa kaparigelan 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 22 basa Sunda nu ngawengku: ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis kalawan babarengan; jeung 6 guru ngondisikeun siswa SD sangkan manggihan sorangan tata aturan basa.

d. Karakteristik Kamampuh Komunikatif

Aya sawatara karakteristik kamampuh komunikasi Santosa spk., 2008: 237, nu ngawengku: 1 kompeténsi komunikatif sipatna dinamis. Hartina, kompeténsi gumantung kana négosiasi ma’na antara dua urang panyatur atawa leuwih; 2 kompeténsi komunikatif ngawengku ngagunakeun basa lisan jeung tulisan; 3 kompeténsi komunikasi sipatna kontékstual, lumangsung dina hiji kontéks; 4 kompeténsi komunikatif ngawengku kompeténsi basa gramatikal jeung kamampuh nyieun aturan gramatikal sarta prakna ngagunakeun basa; jeung 5 kompeténsi komunikatif sipatna rélatif, gumantung aspék internal boh eksternal. Pamarekan komunikatif boga opat karakteristik, nu ngawengku: 1 kahiji, sasaran kelas di SD difokuskeun kana sakabéh komponén komunikasi napak dina kompeténsi gramatikal atawa linguistik; 2 kadua, téhnik-téhnik pangajaran basa dirancang pikeun ngaaktipkeun siswa SD ngagunakeun basa kalawan pragmatis, oténtik, fungsional, jeung aya ma’na; 3 katilu, parigel jeung merenah mangrupa prinsip-prinsip anu ngalengkepan téhnik-téhnik komunikatif; jeung 4 kaopat, di kelas kudu produktif ngagunakeun basa jeung merenah luyu kontéksna. 1 Ngolah informasi. 2 Bagi-bagi jeung ngolah informasi. 3 Bagi-bagi informasi dina komunikasi anu kawatesanan. 4 Bagi-bagi informasi dina komunikasi anu taya watesna. Gambar 1. 5 Komunikasi Fungsional Komunikasi Fungsional 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 23 1 Improvisasi 2 Lakon pondok tur lucu 3 Rupa-rupa simulasi 4 Dialog jeung bermain peran 5 Sistem konversasi jeung sawala 6 Debat Gambar 1. 6 Komunikasi Interaksi Sosial

e. Aspék-aspék anu Raket Patalina jeung Pamarekan Komunikatif