Kagiatan Diajar LatihanPancén Tingkesan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 89 3

D. Kagiatan Diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék kalawan percaya diri tur gawé babarengan jeung fasilitor séjénna, nyoko kana runtuyan kagiatan nu ngalarapkeun Modél Literasi Kewacanaan CALISLAUJI, saperti ieu di handap. 1. Maca sacara mandiri tujuan jeung indikator di awal pangajaran kalawan konsentrasi. 2. Maca pedaran bahan ngeunaan Tatakrama Basa jeung Pola Sora Basa Sunda kalawan taliti tur soson-soson. 3. Nulis raguman matéri unggal-unggal Kagiatan Diajar dumasar kana matéri anu dibacana kalawan kréatif. 4. Ngaregepkeun pedaran matéri ti fasilitator, tanya jawab, sawala babarengan pikeun ngeusian LK kalawan tanggung jawab. 5. Ngeusian latihan soal-soal pilihan ganda pikeun persiapan postés kalawan taliti tur konsentrasi. 6. Néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén kalawan kreatif. 7. Postés di TUK anu tos ditangtukeun kalawan tangung jawab.

E. LatihanPancén

1. Tuliskeun prinsip-prinsip tatakrama basa 2. Tuliskeun ragam tatakrama basa 3. Jelaskeun yén undak-usuk basa Sunda diwangun ku: basa Sunda Loma, Basa Sunda Sedeng, jeung Basa Sunda lemes 4. Jelaskeun unsur suprasegméntal basa Sunda 5. Jelaskeun ambahan rinéka sora basa Sunda

F. Tingkesan

Numutkeun sawatara ahli asupna undak-usuk kana basa Sunda téh ti mimiti abad ka-17, dina mangsa sabagian tatar Sunda kaéréh ku Mataram. Utamana wewengkon Priangan, saperti: Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Bandung, Sumedang, Sukabumi, jeung Cianjur. Undak usuk basa sunda nyaéta panta-panta basa, dipakéna diluyukeun jeung kaayaan umur, PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 90 3 kalungguhan, sarta situasi nu nyarita jeung nu diajak nyarita katut nu dicaritakeunana. Dina ieu pedaran, undak-usuk basa Sunda diwangun ku: basa Sunda Loma, basa Sunda Sedeng, jeung basa Sunda lemes. Basa Sunda Loma digunakeun ka sasama, ka babaturan anu geus loma. Salian ti éta, bareto mah sok dipaké ogé pikeun nyarita ka jalma anu sahandapeunana, pangkatna, umurna, atawa pikeun nyaritakeun jalma nu sahandapeun upama anu dicaritakeunana téh sahandapeun nu diajak nyarita. Sora basa téh sipatna miganda, nyaéta sora ucap parole jeung sora pikir langue. Sora ucap atawa fon mangrupa sora anu dikedalkeun ku baham, anu diulik ku tata sora fonetik. Ari sora pikir atawa foném mangrupa sora anu kadéngéna béda atawa mirip tur sok ngabédakeun harti kecap, anu diulik ku tata fonem fonemik. Ambahan tata sora dina ieu buku ngawengku genep hal, nyaéta 1 sora basa, fonem, jeung aksara; 2 alat ucap; 3 warna fonem vokal jeung konsonan katut cara ngawangunna; 4 runtuyan sora, engang, jeung kecap; 5 ciri-ciri supraségméntal; jeung 6 rinéka sora.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku