Tingkesan Modul C PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL C 3

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 40

F. Tingkesan

Pangajaran tématik terpadu mangrupa pamarekan pangajaran anu ngaintegrasikeun rupaning kompeténsi tina sababaraha mata pelajaran dina rupaning téma. Tujuan Pamarekan Tématik Terpadu nyaéta sangkan siswa henteu diajar sacara parsial, tapi sacara holistik. Pangajaran baris méré harti anu sagemblengna ka siswa saperti aya dina sawatara téma. Pangajaran tématik mangupa salah sahiji pamarekan pangajaran terpadu anu ngagunakeun téma pikeun matalikeun sawatara mata pelajaran. Pangajaran terpadu mangrupa pangajaran anu matalikeun rupaning gagasan, ide, kaparigelan, sikep, jeung nilai, boh antar mata pelajaran boh dina hiji mata pelajaran. Basa mangrupa alat komunikasi pikeun rupa-rupa fungsi, pikeun: 1 ngébréhkeun informasi faktual ngaidéntifikasi, ngalaporkeun, nanya, jeung ngoréksi; 2 ngébréhkeun sikep inteléktual satuju-teusatuju; 3 ngébréhkeun sikep moral ménta hampura, ngébréhkeun rasa kaduhung, pangajén; jeung 4 sosialisasi ngawanohkeun diri, ngawilujengkeun, ménta diperhatikeun. Pamarekan komunikatif nyaéta pamarekan pangajaran basa anu tujuanana pikeun ngawangun kompeténsi komunikatif. Lian ti éta pamarekan komunikatif ogé digunakeun pikeun mekarkeun prosedur-prosedur opat kaparigelan basa siswa, nu ngawengku: ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Hartina, pangajaran dipiharep ngaronjatkeun kamampuh komunikasi basa Sunda siswa, boh lisan atawa tulisan, boh resmi boh teu resmi. Patali jeung kompeténsi komunikatif, Canale jeung Swain dina Solichan, 2001:6.19 nétélakeun yén aya opat unsur anu raket patalina jeung kamampuh komunikatif, nyaéta: 1 kamampuh gramatikal nyaéta kamampuh panyatur ngagunakeun kaidah gramatikal, 2kamampuh sosiolinguistik, nyaéta kamampuh panyatur ngeunaan kontéks sosial tempat lumangsungna komunikasi, 3 kamampuh wacana, nyaéta kamampuh panyaturmidangkeun maksud-maksud komunikasi kalawan merenah, jeung 4 kamampuh stratégi, nyaéta kamampuh panyatur ngagunakeun rupa-rupa stratégi pikeun ngayakeun komunikasi. 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 41 Pangajaran dina Kurikulum 2013 ngagunakeun pamarekan saintifik atawa pamarekan berbasis prosés keilmuan. Pamarekan saintifik bisa ngagunakeun sababaraha stratégi atawa modél pangajaran kontékstual. Modél pangajaran anu diwanohkeun dina Kurikulum 2013 ngawengku: Discovery Learning Inquiry jeung Learning.Project-Based Learning. Impleméntasina pamarekan saintifik mangrupa cara ngaorganisasikeun pangajaran ngaliwatan prosés: a Nengétan observation, b nanya questioning,c ngumpulkeun informasinyoba data colectionaexperiment, d asosisasingolah informasi association; jeung, e ngomunikasikeun communication. Kagiatan diajar ngajar langsung baris ngahasilkeun pangawéruh jeung kaparigelan anu sipatna langsung ogé, disebut dampak pangajaran instructional effect. Dina Kurikulum 2013, kagiatan diajar ngajar anu langsung raket patalina jeung ngamekarkeun pangawéruh jeung kaparigelan nu aya dina KI-3 pangawéruh jeung KI-4 kaparigelan.Dina kagiatan diajar ngajar anu sipatna teu langsung, maksudna salila lumangsungna kagiatan diajar ngajar baris ngahasilkeun dampak pengiring nurturant effect. Dina Kurikulum 2013, kagiatan diajar ngajar anu teu langsung raket patalina jeung ngamekarkeun nilai sarta sikep nu aya dina KI-1 sikep spiritual jeung KI-2 sikep sosial.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku