Tujuan Pangajaran Tématik Model Tématik Terpadu Integrated

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 13 ngararancang pangalaman diajar anu bisa mangaruhan kebermaknaan diajar siswa. Sacara konséptual, dina pangajaran tématik siswa baris mampuh ngawangun skéma pikeun narima élmu pangaweruh sagemblengna. Salian ti éta, pangajaran tématik di SD bisa ngabantu siswa pikeun ngawangun pangaweruhna. Ieu hal lantaran luyu jeung tahapan mekarna siswa anu masih miboga pola pikir nu siswasipatna holistik.

b. Tujuan Pangajaran Tématik

1 Ngaleungitkeun atawa ngurangan tumpang tindihna matéri. 2 Siswa baris gampil matalikeun hiji hal jeung hal séjénna. 3 Mantuan siswa sangkan paham sagemblengna konsép.

c. Model Tématik Terpadu Integrated

Aya tilu model ti Forgatry 1991:61 anu dimekarkeun ku Tim Pengembang DII PGSD dina taun 1977, nyaéta: Model Jaring Laba- laba Spider Webbed atawa disebut oge Model Jaring, Model Terhubung Connected, jeung Model Terpadu Integrated Lampiran III Permendikbud No 57 Tahun 2014 2014:225 - 231. Ieu pedaran fokus kana Model Terpadu Integrated. Model Terpadu integrated ngagunakeun pamarekan antar mata pelajaran. Ieu model ngajadikeun kurikulum téh kaleidoskop. Hartina, yén interdisiplin topik disusun ngawengku konsép-konsép anu tumpang tindih jeung dirarancang tina pola-pola anu muncul. Pamarekan ‘Terpadu’ antar topik madukeun konsép-konsép tina matématika, sains, basa, seni, sarta sosial. Ieu model dilaksanakeun ku jalan ngagabungkeun mapel interdisipliner, nangtukeun prioritas mata pelajaran, kaparigelan, konsép, jeung sikep anu raket patalina dina sababaraha mata pelajaran. Pikeun nyieun téma, tahap awal guru kudu nyeléksi konsép ti sababaraha mapel, saterusna matalikeun éta konsép dina hiji téma nu bakal mayungan sababaraha mapel, dina hiji pakét pangajaran dumasar téma. Larapna modél tématik terpadu di SD, kudu 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 14 mampuh ngahijikeun sakabéh aspék pangajaran basa, sangkan kaparigelan basa nu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis dimekarkeun luyu jeung rarancang anu gembleng. Saperti conto ieu gambar. Gambar 1. 1 Model Terpadu Kaunggulan Modél Tématik Terpadu nyaéta siswa baris ngarasa gumbira tur jembar pangawéruhna. Lamun ieu modél dilarapkeun sacara bener bisa dijadikeun modél pangajaran anu idéal di lingkungan sakola ngaliwatan “integrated day”. Kahéngkéran ieu modél nyaéta: 1 héséna néangan patalina hiji matéri jeung matéri nu séjénna antar mapel, 2 héséna néangan patalina aspék kaparigelan, jeung 3 merlukeun gawé babarengan antar tim guru mapel anu mapelna aya patalina, luyu jeung rancangan tur alokasi waktu anu merenah. Ieu model Integrasi téh dipaké ku guru pikeun ngahijikeun sababaraha kompeténsi anu katempona sarua tina sababaraha mapel. Téma baris kapanggih lamun seug sakabéh KD-na geus diintegrasikeun. Lampiran III Permendikbud No. 57 Taunn 2014.

d. Léngkah-léngkah Kagiatan Modél Tématik Terpadu