2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
57
dihontal ku siswa, sarta mantuan guru nyusun stratégi pangajaran nu baris datang.
6  Ngaévaluasi Pangalaman Evaluate the Experience Di  ahir  kagiatan  pangajaran,  guru  jeung  siswa  ngalakukeun  réfléksi
tina  aktivitas  jeung  hasil  proyék.  Prosés  réfléksi  dilakukeun  boh kalawan  individu  boh  kalawan  kelompok.  Dina  tahapan  ieu,  siswa
diperedih  pikeun  ngébréhkeun  pangalaman  salila  migawé  proyék. Guru  jeung  siswa  ngayakeun  sawala  pikeun  ngoméan  kinerja  salila
prosés migawé proyék, nu ahirna baris manggihan hiji hal anyar new
inquiry  pikeun  ngajawab  masalah  nu  disodorkeun  dina  tahap  awal kagiatan.
e.  Cara Meunteun Modél Pangajaran PjBL
Cara  meunteun  Modél  PjBL  kudu  dilakukeun  kalawan  gembleng ngawengku:  sikep,  pangaweruh,  jeung  kaparigelan.  Cara  meunteun
modél  pangajaran  PjBL  bisa  ngagunakeun  téhnik  penilaian  anu dimekarkeun  ku  Kemdikbud,  nyaéta  penilaian  proyék  atau  penilaian
produk.  Ieu  di  handap  pedaran  ngeunaan  penilaian  proyék  atawa penilaian produk.
1  Wangenan Penilaian Proyék Penilaian  proyék  mangrupa  kagiatan  meunteun  pancén  anu  geus
diréngsékeun dina kurun waktuperiode nu geus ditangtukeun. Pancén éta  mangrupa  hiji  invéstigasi  ti  mimiti  ngararancang,  ngumpulkeun
data, ngaorganisasikeun, ngolah, nepi ka ngalaporkeun data. Penilaian proyék  bisa  digunakeun  pikeun  mikaweruh  kamampuh  pemahaman,
kamampuh ngaaplikasikeun, kamampuh panalungtikan, tur kamampuh ngainformasikeun siswa ngeunaan mata pelajaran kalawanjéntré.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
58
2
D.  Kagiatan Diajar
Kagiatan  diajar  nu  kudu  dipilampah  ku  Sadérék  nyoko  kana  runtuyan kagiatan nu ngalarapkeun Modél Literasi Kewacanaan CALISLAUJI, saperti
ieu di handap. 1.  Maca tujuan jeung indikator kalawan daria.
2.  Maca  kalawan  intensif  pedaran  bahan  ngeunaan  Modél  Pangajaran Discovery  Learning  Inquiry  Learning,  Modél  Pangajaran  Problem  based
Learning,  jeung  Modél  Pangajaran  Projeck  Based  Learning  dina Pangajaran Basa Sunda kalawan konséntrasi tur taliti.
3.  Nulis raguman matéri unggal-unggal kagiatan diajar dumasar kana matéri anu geus dibaca kalawan kreatif.
4.  Ngaregepkeun  paparan  matéri  ti  fasilitator,  tanya  jawab,  jeung  sawala kelompok pikeun migawé latihanpancén kalawan babarengan.
5.  Latihan soal-soal pilihan ganda pikeun persiapan postés kalawan daria. 6.  Néangan  tur  maca  référénsi  nu  séjénna  pikeun  ngalengkepan
latihanpancén kalawan kréatif. 7.  Ngalaksanakeun  postés  di  TUK  anu  geus  ditangtukeun  kalawan
konséntrasi, daria, jeung tanggung jawab.
E.  LatihanPancén
1.  Jéntrékeun tujuan Modél Pangajaran Discovery Learning 2.  Jéntrékeun  kalawan  singget  léngkah-léngkah  operasional  impléméntasi
Modél  Pangajaran  Discovery  Learning  tahapan  rancangan  dina pangajaran basa Sunda
3.  Tuliskeun lima prinsip prosés diajar ngajar dina Modél PBL 4.  Tuliskeun lima fase Modél Pangajaran PBL
5.  Urutkeun léngkah-léngkah Modél Pangajaran PjBL