Cara Ngagunakeun Modul Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 7 Conto Modél Pangajaran Berbasis Proyék PjBL Pangajaran basa Sunda. 3. Tatakrama Basa jeung Pola Sora Basa Sunda ngawengku: 1 Wangenan Tatakrama Basa, 2 Prinsip Tatakrama Basa, 3 Ragam Tatakrama Basa, 4 Nu Maké jeung Nu Dicaritakeun, 5 Galur Omongan, 6 Laku Basa, 7 Amanat omongan, 8 Wangenan Undak Usuk Basa, 9 Larapna Basa Sunda dina Kalimah, 10 Basa Sunda Lemes keur Sorangan dina Kalimah, 11 Basa Sunda Lemes keur ka Batur dina Wangun Kalimah, 12 Ambahan Pola Sora Basa Sunda, 13 Pola Sora Basa, Fonem, jeung Aksara, 14 Alat Ucap, 15 Vokal, 16 Konsonan, 17 Runtuyan Sora, Engang, jeung Kecap, jeung 18 Kluster. 4. Pupuh jeung Carita Pondok di SD ngawengku: 1 Wangenan Pupuh, 2 Wangun Pupuh, 3 Guru Wilangan jeung Guru Lagu Pupuh, jeung 4 Adegan Pupuh, 5 Wangenan Carita Pondok, 6 Ciri-ciri Carita Pondok, 7 Kamekaran Carita Pondok, jeung 8 Wangun jeung Unsur Intrinsik Carita Pondok.

E. Cara Ngagunakeun Modul

Aya sawatara hal nu perlu diéstokeun dina ngulik ieu modul. Kahiji, Sadérék kudu percaya diri yén ieu modul téh aya mangpaatna. Kadua, Sadérék kudu kreatif narékahan sangkan meunang informasi optimal tina modul. Katilu, Sadérék perlu niténan kalawan taliti jeung migawé latihan sacara babarengan tur tanggung jawab nu dipidangkeun dina ahir pedaran. Titénan jeung pigawé tiap bagian kalawan daria. Sangkan teu poho, jieun catetan husus tina tiap bahan nu dipidangkeun. Ulah poho migawé sakur latihan- latihan jeung évaluasi dina saban bagian modul. Kamampuh atawa kompeténsi Sadérék ngeunaan ieu bahan kagiatan diajar baris dinilai ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi. Dina maca, nengetan, jeung ngulik bahan-bahan nu aya dina ieu modul Sadérék dipiharep macana jeung ngulikna kalawan mandiri, kréatif, sistématis, tur taliti. Lamun manggihan bangbaluh dina mahamkeunana jeung dina ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala babarengan jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun ka fasilitator. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 8 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 9 KOMPETÉNSI PEDAGOGIK PAMAREKAN TÉMATIK TERPADU, KOMUNIKATIF, SAINTIFIK, JEUNG MODÉL PANGAJARAN BASA SUNDA DI SD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 10 1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 11 KAGIATAN DIAJAR 1 PAMAREKAN TÉMATIK TERPADU, KOMUNIKATIF, JEUNG SAINTIFIK DINA PANGAJARAN TÉMATIK TERPADU DI SD

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 1 ngawengku ieu di handap. 1. Sanggeus maca, pamilon dipiharep mampuh ngajelaskeun wangenan pamarekan tématik terpadu kalawan percaya diri. 2. Sanggeus nulis rangkuman, pamilon dipiharep mampuh ngaidéntifikasi léngkah-léngkah tématik terpadu kalawan daria. 3. Sanggeus diskusi, pamilon dipiharep mampuh ngaidéntifikasi karakteristik kamampuh komunikatif kalawan taliti. 4. Tina diskusi, pamilon mampuh ngawincik aspék-aspék anu raket patalina jeung pamarekan komunikatif kalawan gawé babarengan. 5. Sanggeus maca pedaran matéri, pamilon dipiharep mampuh ngajéntrékeun hakékat pamarekan saintifik kalawan percaya diri. 6. Sanggeus maca pedaran matéri, pamilon mampuh ngajéntrékeun enas- enasna pamarekan saintifik percaya diri. 7. Sanggeus diskusi, pamilon mampuh ngaidéntifikasi prinsip-prinsip pamarekan saintifik kalawan kreatif. 8. Sanggeus sawala, pamilon mampuh nyieun conto larapna pamarekan saintifik dina pangajaran basa Sunda kalawan kreatif.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi