28
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
4. Guru méré tugas kelompok anggotana opat urang siswa pikeun nyusun
ringkesan buku biografi . Tugasna kieu: Baca buku biografi saurang tokoh saperti seniman, olahragawan,
ilmuwan, atawa pejuang. Jieun ringkesanana Guru mariksa hasil pagawean kelompok ku cara nilik substansi biografi
tokoh nu ditulis ku siswa.
E. Padika Nyusun Pangalaman
No KAGIATAN
1. Dina bagian F Padika Nyusun Paangalaman, guru ngawanohkeun
lengkah-lengkah ngarang carita pangalaman anu praktis tur gampang kahartina ku murid.Contona saperti kieu:
Conto rangkay karangan tina pangalaman kémping. 1 Pangalaman méméh indit. Caritakeun persiapanana, kajadian-
kajadian anu kaalaman saméméh indit. 2 Pangalaman di perjalanan. Caritakeun sakur nu karandapan di
perjalanan. 3 Pangalaman prakna kémping di tempat anu dituju. Caritakeun
kagiatan-kagiatanana, hal nu pikaresepeun, pikalucueun, pikasediheun, pikareuwaseun, jst.
4 Pangalaman waktu mulang. Ieu ogé caritakeun sakur nu karandapan ku hidep.
Ku cara dijieun heula rangkayna, dina prakna nulis téh moal rundag- randeg teuing sarta hasilna bakal marélé. Rangkay karangan téh pohara
ngabantuna, komo keur nu diajar ngarang mah.
2. Tina lengkah-lengkah ngarang No.1 guru ngamimitian ngalarapkeun
éta léngkah ngarang ku cara dipétél hiji-hiji. Ari obyék karanganana, guru ngasongkeun sababarha pilihan, obyék-obyék sakirana kungsi
kasaba ku murid, contona waé: 1 Pangalaman Karyawisata ka Palabuanratu, 2 Pangalaman Karyawisata ka Tangkubanparahu, jeung
3 Pangalaman Karyawisata ka Pangandaran. Upamana waé murid milih no 2
29
Bab II
PITUDUH HUSUS
Pangalaman Karyawisata ka Tangkubanparahu Pancén 1
Pangalaman méméh indit ………………………………………………………………………
……………………………………………………………………… …………………………………………………………………...........
tuliskeun sakur nu kaalaman, kasup suasana hatépikiran waktu harita
Pancén 2 Pangalaman di perjalanan
……………………………………………………………………… ………………………………………………………………………
……………………………………………………………………… ………………………………………………………………………
tuliskeun sakur nu karandapan jeung gambarkeun suasana di perjalanan
Pancén 3 Pangalaman di obyék wisata Tangkubanparahu
……………………………………………………………………… ………………………………………………………………………
……………………………………………………………………… ………………………………………………………………………...
tuliskeun rupa-rupa nu kasorang di éta obyék wisata
Pancén 4 Pangalaman waktu mulang
……………………………………………………………………… ………………………………………………………………………
……………………………………………………………………… …………………………………………………………………….......
tuliskeun pangalaman jeung suasana nu karandapan waktu mulang
3. Karangan-karangan murid dina No. 2 dipeunteun unggal bagian sarta
dikoméntaran ku guru. Saterusna éta karangan anu misah-misah téh dititah dihijikeun disambungkeun jadi karangan anu gembleng.
30
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
F. Ngalarapkeun Kecap