21
Bab II
PITUDUH HUSUS
Latihan 3
Jieun naskah paguneman nu ditulis dina wangun drama antara murid jeung guruna ngeunaan pentingna diajar basa Sunda. Dina ieu paguneman kudu enya-enya
merhatikeun tatakrama basa anu merenah. Sing kagambar kumaha pamadegan guru kana basa Sunda, jeung kumaha deuih ari pamadegan siswa.
H. Ngawanohkeun Kekecapan
No KAGIATAN
1. Dina bagian G Ngawanohkeun Kekecapan, murid dibéré pengayaan
keur ngajembaran basana, di antarana ngalarapkeun ngaran kekembangan nu kasabit dina paguneman “Indung jeung Anak”.
2. Guru ngabéréndélkeun ngaran kekembangan nu sok dilarapkeun dina
omongan saperti ieu di handap
Ngaran kembang Sesebutannana
kembang awi eumbreuk
kembang bako bosongot
kembang cabé bolotot
kembang céngék méncéngés
kembang génjér gélényé
kembang jaat jalinger
kembang tiwu badaus
kembang kadu olohok
kembang laja jamotrot
kembang waluh aléwoh
3. Murid ngeusian soal ngalengkepan kalimah ku ngaran kekembangan
ieu di handap 1 Dagang téh ngembang awi poé ieu mah.
2 Ari balik nyaba téh mani sok ngembang waluh. 3 Basa tepung gé ngembang tiwu jiga kanu teu wawuh.
4 Piraku teu apal peda, éta nu panonna ngembang cabé. 5 Enya ari nyaritana mah ngembangbako tapi da bageur.
Soal bisa ditambahan leuwih loba deui luyu jeung pangabutuh, upamana waé keur kapentingan ulangan.
22
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
PANGAJARAN 2
PANGALAMAN PRIBADI
Kagiatan Awal
Guru asup ka kelas ngucapkeun salam, murid ngajawab salam guru babarengan. Upama jam kahiji, saméméh KM nyiapkeun kelas, guru nugaskeun
heula mingpin du’a, réngsé ngado’a babarengan kakara KM nyiapkeun kelas. Guru ngondisikeun kelas sangkan teu garandeng, merenahkeun murid sangkan
diuk dina korsi kalawan tartib. Sanggeus kelas tartib tur rapih, guru ngabsén murid, nu katohyan teu sakola, guru mapaykeun ka murid nu deukeut imahna
pikeun ngayakinkeun naha bener gering, ijin, atawa alpana.
A. Maca Pangalaman Pridadi
No KAGIATAN
1. Dina subtéma A Maca Pangalaman Pribadi, guru nugaskeun maca
karangan beunang Hastian nu eusina pangaresep jeung cita-cita dirina. Saterusna murid dipénta ngajawab sawatara pertanyaan, nepikeun
pamanggihna, jeung nuliskeun pangalaman pribadina nu mangrupa pangaresep katut cita-citana dina Pancén 1, Pancén 2, jeung Pancén 3.
2. Dina Pancén 1, murid sina ngajawab sababaraha soal nu aya patalina
jeung karangan pribadi nu geus dibacana.Pertanyaan nu kudu dijawab murid saperti ieu di handap
1 Urang mana Hastian téh? 2 Naon baé kaulinan nu dipikaresepna?
3 Salian ti kaulinan, resep naon deui Hastian téh? 4 Naon sababna leuwih resep nguseup lamun tas hujan?
5 Naon nu jadi cita-cita Hastian téh? Keur ngawangun konteks, guru ogé bisa ngajukeun pertanyaan nu
eusina nataan kaulinan barudak jaman ayeuna.
3. Pikeun ngahudang pamanggih murid, guru bisa ngajukeun pertanyaan-
pertanyaan sapertidina Pancén 2 ieu di handap 1 Kaulinan naon waé nu kaalaman ku hidep keur leutik?
2 Naon sababna kaulinan Hastian langka dipilampah barudak
ayeuna?
23
Bab II
PITUDUH HUSUS
3 Ari cita-cita Hastian kaasup lumrah atawa henteu cek hidep? 4 Cik sebutkeun cita-cita hidep sarta béré alesan kana éta cita-cita
5 Naon untungna resep ngurek jeung nguseup, padahal belut jeung
lauk aya di pasar Jawaban-jawaban nu mangrupa pamanggih murid tangtu bakal béda-
béda, ku sabab kitu guru teu kudu meunteun mutlak bener salahna, tapi dumasar kana logis jeung henteuna.
4. Dina Pancén 3, murid dipapancénan ngarang pangalaman pribadi
kawas karangan beunang Hastian. Tugasna kieu: Jieun karangan pangalaman pribadi nu eusina ngawengku pangaresep jeung
cita-cita hidep sorangan. Karangan ditulis dina buku tulis catetan basa Sunda paling saeutik satengah kaca
Karangan murid dipariksa tur dibéré peunteun ku guru.Salian ti kitu, guru ogé bisa nugaskeun murid saurang-saurang ka hareup pikeun
nepikeun pangalamanana sacara lisan, bagilir sarta dikoméntaran ku guru utamana soal makéna basa Sunda.
B. Pangalaman nu Ditulis dina Catetan Poéan