56
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
PANGAJARAN 7
PUPUJIAN
A. Nadomkeun Pupujian
Kagiatan Awal
Guru asup ka kelas bari ngucapkeun salam, murid ngajawab salam guru babarengan. Saméméh ngamimitian kagiatan diajar ngajar, guru ngondisikeun
heula kelas supaya kaayaan tartib, tenang, jeung diuk dina korsi séwang-séwangan kalawan rapih. Sanggeus katémbong tartib, rapih, jeung saregep, guru nitah KM
nyiapkeun kelas. Saterusna guru ngabsén murid bari sakalian mapaykeun nu teu hadir ka murid nu ngarasa deukeut imahna. Bérés ngabsén, guru ngamimitian
prosés diajar ngajar.Murid sina ngaluarkeun buku pakét basa Sunda jeung buku catetan murid.
No KAGIATAN
1. Saméméh ngamimitian prosés diajar ngajar, guru ngawanohkeun
heula matéri nu baris diajarkeunana, dijéntrékeun téma katut tujuan nu kudu kahontal ku murid dina Pangajaran 7. Saterusna guru ogé
ngawanohkeun subtéma-subtéma lianna anu raket tur ngait kana téma utama pupujian. Guru ngamimitianngawanohkeun heula pupujian
“Anak Adam”, murid mimiti tinggerendeng nadomkeun éta pupujian saluyu jeung nu kungsi kareungeu atawa kaalaman nadomkeun di
lemburna séwang-séwangan.
2. Guru nerangkeun yén pupujian “Anak Adam” téh méh aya di unggal
wewengkon sarta rumpakana sarua, ngan langgamna nu béda-béda téh. Guru teu kudu maksa murid sangkan maké langgam nu dipikawanoh
guru.
3. Sanggeus murid ramé nadomkeun pupujian “Anak Adam” saluyu
jeung langgamna séwang-séwangan, guru mimiti nunjuk salasaurang muridpikeun nadomkeun éta pupujian di hareup, murid séjén sina
ngabandungan bari nunggu kagiliran.
57
Bab II
PITUDUH HUSUS
4. Guru nyontoan nadomkeun pupujian “Anak Adam” anu saterusna
diturutan ogé ku murid. Murid silegenti ka hareup, guru meunteun kagiatan murid.
B. Nadomkeun Pupujian Babarengan
No KAGIATAN
1. Guru ngawanohkeun rupa-rupa pupujian, murid ogé nyebutan
pupujian nu dipikawanoh di lemburna. Guru nyontoan nembangkeun salasahiji pupujian “Tos Medal Bulan Purnama” beunang sababaraha
balikan, murid nurutan nepi ka karasa langgamna teu sumbang.
2. Guru ngajak sakumna murid nembangkeun pupujian “Tos Medal
Bulan Purnama”, murid kalawan daria milu kana kagiatan nadom.
3. Guru méré tugas ka murid sangkan nyieun kelompok nu jumlahna
limaan pikeun nadomkeun éta pupujian di hareup. Sanggeus kabéh baroga kelompok, guru ngamimitian nunjuk perkelompok pikeun
nadom di hareup, guru méré peunteun ka unggal kelompok.
4. Kelompok nu peunteunna pangalusna dipaké conto nadom ka kelas
séjén nu baris nampa pangajaran nu sarua.
C. Maham Eusi Pupujian