63
Bab II
PITUDUH HUSUS
B. Maca jeung Nulis Aksara Sunda
No KAGIATAN
1. Sanggeus diajar nulis, guru mimiti ngajak murid diajar maca bacaan-
bacaan pondok. Pancén-pancén nu aya dina buku pakét sina dipigawé di kelas, sésana dijadikeun PR geusan eusianeun di imah.
2. Tina tilu pancén, saupama bisa réngsé dipigawé di kelas, guru mun
perlu méré pancén tambahan pigawéeun di imahna séwang-séwangan. Murid kudu enya-enya katémbong resepna diajar maca jeung nulis
aksara Sunda.
3. Sakabéh pagawéan murid dipariksa ku guru sarta peunteunna
diasupkeun kana kolom peunteun tugas. Murid ogé dibéré kasempetan pikeun ngajukeun rupa-rupa pananya ngeunaan penting jeung gunana
aksara Sunda. Salian ti kitu, guru ogé nyebutan rupa-rupa hal saperti plang jalan nu geus maké tambahan ku aksara Sunda.
C. Ngagunakeun Aksara
Sunda
No KAGIATAN
1. Guru ngécéskeun yén aksara Sunda bisa dipaké keur rupa-rupa
kaperluan saperti nu kaunggel dina buku pakét, di antarana keur kaperluan keur plang jalan, plang gang, plang kantor, plang tempat
wisata, jeung sajabana. Eta kaperluan téh engkéna bakal jadi idéntitas lokal Sunda. Tangtu baé, saméméh batur tumanya ngeunaan kumaha
nulis atawa maca aksara Sunda, nya urang nu kungsi diajar di sakola kudu sanggup ngécéskeunana.
2. Murid dibéré pamahaman yén engkéna idéntitas urang Sunda téh
lain baé nu mangrupa papakéan tapi ogé aksara Sunda. Ku sabab kitu, kiwari geus mimiti ngaran-ngaran jalan ditulis ogé aksara Sundana.
64
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
3. Dina submatéri B Ngagunakeun aksara Sunda, murid diasongan rupa-
rupa pancén, boh pancén kelompok boh pancén individu. Murid dibéré lolongkrang pikeun migawé éta pancén di luar jam diajar mun
teu kaburu kapigawé di kelas.
4. Pancén ti nomer 4 tepi ka nomer 10 gumantung kana kaperluan guru,
dina harti teu kudu saklek kudu kapigawé sagemblengna ku murid. Atawa, bisa ogé dijojoan nu sakirana penting keur kaperluan méré
peunteun. Guru ogé bisa méré pancén tambahan keur ngahudang kréatifi tas murid.
65
Bab III Bab III
Pituduh
Meunteun
66
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
MODEL PENILAIAN AUTENTIK DINA PROSES JEUNG HASIL DIAJAR DUMASAR KANA KURIKULUM 2013
A. Wangenan Asesmen Autentik
Nu dimaksud Asesmen Autentik téh nyaéta ngukur kamampuh murid sacara signifi kan kana hasil diajarna anu ngawengku sikep, kaparigelan, jeung
pangaweruh. Isitilah asesmen téh sinonim tina meunteun penilaian, ngukur pengukuran, nguji pengujian, jeung evaluasi. Sedengkeun istilah autentik
sasaruaanna tina asli, nyata, valid, atawa reliabel.
Sacara konséptual, asesmen autentik ngandung makna anu leuwih signifi kan dibandingkeun jeung tés pilihan ganda anu geus nyumponan standar.
Dina ngalarapkeun asesmen autentik pikeun ngajén hasil diajar murid, guru ngalarapkeun kriteria anu tumali jeung konstrusi pangaweruh, kagiatan niténan
jeung ujicoba, ogé préstasi di luar sakola.
Dina American Library Association, asesmen autentik téh miboga harti hiji proses pikeun ngukur kinerja, prestasi, motovasi, jeung sikep-sikep murid dina
kagiatan anu aya patalina jeung pangajaran. Sedengkeun dina Newton Public School, asesmen autentik miboga
harti proses ngajén kana hasil jeung pagawéan murid anu aya patalina jeung pangalaman hirup anu nyata.
Nu pamungkas, Wiggins ngadéfi nisikeun asesmen autentik téh mangrupa hiji tarékah pikeun méré pancén ka murid anu pancénna téh ngagambarkeun
prioritas jeung tantangan anu kapanggih sajeroning kagiatan diajar upamana dina nalungtik hiji pasualan, nulis, ngoméan jeung medar artikel, ngalaporkeun
hasil analisis kana hiji kajadian, debat dina diskusi, jsb.
B. Rupa-rupa Asesmen Autentik