Nuliskeun Aksara Maca jeung Nulis Aksara Sunda

62 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII PANGAJARAN 8 AKSARA SUNDA

A. Nuliskeun Aksara

Sunda Kagiatan Awal Guru asup ka kelas bari ngucapkeun salam, murid ngajawab salam guru babarengan. Saméméh ngamimitian kagiatan diajar ngajar, guru ngondisikeun heula kelas supaya kaayaan tartib, tenang, jeung diuk dina korsi séwang-séwangan kalawan rapih. Sanggeus katémbong tartib, rapih, jeung saregep, guru nitah KM nyiapkeun kelas. Saterusna guru ngabsén murid bari sakalian mapaykeun nu teu hadir ka murid nu ngarasa deukeut imahna. Bérés ngabsén, guru ngamimitian prosés diajar ngajar.Murid sina ngaluarkeun buku pakét basa Sunda jeung buku catetan murid. No KAGIATAN 1. Guru ngamimitian diajar ngajar ku cara ngajukeun pertanyaan ngeunaan aksara Sunda. Pertanyaanana saperti kieu: Hidep keur di SD kungsi diajar aksara Sunda? Mun jawaban murid nyebut kantos, guru ngajukeun deui pananya: Cing nu masih inget, tuliskeun ngaran hidep ku aksara Sunda Di antara murid di kelas tangtu aya nu bisa, saterusna murid nu ngarasa bisa sina nuliskeun ngaranna dina bor. 2. Guru ngamimitian deui ngajarkeun aksara Sunda ku cara ngawanohkeun aksara ngalagena, aksara swara, rarangkén, jeung angka. Murid latihan nulis saluyu jeung nu aya dina buku pakét. 3. Guru nyontoan cara nuliskeun rarangkén, murid latihan nulis. Murid nu geus rada bisa nulis, boh aksara ngalagena, aksara swara, rarangkén, jeung angka ditunjuk sina nuliskeun dina bor di hareup, terus bagilir keur nu geus ngarasa bisa, ari nu can bisa angger latihan. 4. Guru mariksa pagawéan murid, kakuranganana dibenerkeun ku guru. Murid nu nulis dina bor sina dibenerkeun ku babaturanana. Sanggeus katémbong bisa atawa taram-taram, guru mimiti subtéma lianna dina pangajaran aksara Sunda. 63 Bab II PITUDUH HUSUS

B. Maca jeung Nulis Aksara Sunda

No KAGIATAN 1. Sanggeus diajar nulis, guru mimiti ngajak murid diajar maca bacaan- bacaan pondok. Pancén-pancén nu aya dina buku pakét sina dipigawé di kelas, sésana dijadikeun PR geusan eusianeun di imah. 2. Tina tilu pancén, saupama bisa réngsé dipigawé di kelas, guru mun perlu méré pancén tambahan pigawéeun di imahna séwang-séwangan. Murid kudu enya-enya katémbong resepna diajar maca jeung nulis aksara Sunda. 3. Sakabéh pagawéan murid dipariksa ku guru sarta peunteunna diasupkeun kana kolom peunteun tugas. Murid ogé dibéré kasempetan pikeun ngajukeun rupa-rupa pananya ngeunaan penting jeung gunana aksara Sunda. Salian ti kitu, guru ogé nyebutan rupa-rupa hal saperti plang jalan nu geus maké tambahan ku aksara Sunda.

C. Ngagunakeun Aksara