Maca Dongéng Sasatoan Medar Dongéng

44 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII PANGAJARAN 5 DONGÉNG

A. Maca Dongéng Sasatoan

Kagiatan Awal Guru asup ka kelas bari ngucapkeun salam, murid ngajawab salam guru babarengan. Saméméh ngamimitian kagiatan diajar ngajar, guru ngondisikeun heula kelas supaya kaayaan tartib, tenang, jeung diuk dina korsi sewang- séwangan kalawan rapih. Sanggeus katémbong tartib, rapih, jeung saregep, guru nitah murid mingpin du’a. Saterusna guru ngabsén murid bari sakalian nyiar raratan nu teu hadir ka murid nu ngarasa deukeut imahna. Bérés ngabsén, guru ngamimitianprosés diajar ngajar. No KAGIATAN 1. Guru ngamimitian nyaritakeun dongéng ku cara ngajukeun pertanyaan lisan, upamana wae, hidep apal naon nu disebut dongéng? Murid ngajawab pananya guru, murid lianna milu ngoméntaran atawa ngajukeun pamanggihna ngeunaan dongéng. 2. Kagiatan kadua, guru nitah murid muka buku pakét basa Sunda, macadina jero haté dongéng “Ajag Nangtang Jelema” meunang sabalikan. Guru niténan ka sakabéh murid bisi aya nu teu daria macana. 3. Guru ngajukeun pananya, pikeun nguji pamahaman murid. Pertanyaanana saperti kieu: Bagian mana nu jadi unsur pamohalan dina éta dongéng? Jawaban murid bisa kieu: 1 peucang teu langsung ditekuk ku ajag padahal peucang teu walakaya, 2 peucang ngobrol jeung ajag, 3 peucang loba akalna, jeung 4 ajag daék dibobodo ku peucang. Kabéh jawaban murid bener, saterusna guru nerangkeun yén unsur pamohalan dina dongéng téh nyaéta sakur nu teu kaharti ku akal. 45 Bab II PITUDUH HUSUS 4. Léngkah kaopat guru nunjuk murid ka hareup nitah ngadongéngkeun deui “Ajag Nangtang Jelema” maké basana sorangan. Guru ngaping dongéng murid, utamana dina milih kekecapan atawa kalimah anu kurang merenah. Murid nu kagiliran ka hareup teu kawatesanan jumlahna, diluyukeun jeung waktu. 5. Dina léngkah kalmia guru méré tugas individu nganalisis sacara instrinsik éta dongéng, nyaéta ngeunaan: 1 palaku; 2 téma; 3 latar; 4 amanat; jeung 5 alur carita.

B. Medar Dongéng

No KAGIATAN 1. Guru ngajelaskeun perkara ajén-ajén atikan nu aya dina dongéng, murid ngaregepkeun kalawan daria. Guru ogé ngécéskeun perkara pieunteungeun jeung picontoeun nu kapanggih dina dongéng. Pikeun nguji pamahaman murid, dibéré soal lisan kieu: Naon ari pieunteungeun jeung picontoeun téh? Pék jéntrékeun Jawaban murid nyaéta pieunteungeun laku lampah anu tong ditiru, ari picontoeun mah laku lampah anu perlu ditiru. 2. Guru méré kasempetan ka murid pikeun ngajukeun pertanyaan perkara pedaran dongéng. Pertanyaan murid sina dijawab ku baturna di kelas, guru ngoméntaran sakur jawaban murid. Guru ogé pertanyaan murid bari henteu langsung nyalahkeun kana rupa-rupa jawaban murid lianna. 3. Guru nitah nganalisis dongéng “Ajag Nangtang Jelema”, murid bisa néwak ajén atikan anu nyampak dina éta dongéng.Murid bisa ngajéntrékeun éta ajén atikan saperti kieu, “Dina dongéng Ajag Nangtang Jelema, kapendak ajén atikanana téh nyaéta nu sombong jeung asa aing panggahana ahirna mah jadi cilaka, digambarkeun ku tokoh ajag”. 46 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII 4. Guru méré pancén ka murid pikeun néangan dongéng séjén boh tina sumber bacaan buku kumpulan dongéng boh beunang tatanya atawa ngarékam langsung tis umber lisan. Dongéng beunang sina dibaca terus diringkes jalan caritana, hasil ringkesan dongéng beunang murid dikumpulkeun sarta dipeunteun ku guru. 5. Guru méré pancén pikeun ngadongéng di hareup, bagilir, heula pandeurina henteu dumasar absén, tapi dumasar kana kasayagian murid sorangan. Ari dongéngna nyaéta dongéng beunang néangan murid téa.

C. Babagian Dongéng