57
Bab II
PITUDUH HUSUS
4. Guru nyontoan nadomkeun pupujian “Anak Adam” anu saterusna
diturutan ogé ku murid. Murid silegenti ka hareup, guru meunteun kagiatan murid.
B. Nadomkeun Pupujian Babarengan
No KAGIATAN
1. Guru ngawanohkeun rupa-rupa pupujian, murid ogé nyebutan
pupujian nu dipikawanoh di lemburna. Guru nyontoan nembangkeun salasahiji pupujian “Tos Medal Bulan Purnama” beunang sababaraha
balikan, murid nurutan nepi ka karasa langgamna teu sumbang.
2. Guru ngajak sakumna murid nembangkeun pupujian “Tos Medal
Bulan Purnama”, murid kalawan daria milu kana kagiatan nadom.
3. Guru méré tugas ka murid sangkan nyieun kelompok nu jumlahna
limaan pikeun nadomkeun éta pupujian di hareup. Sanggeus kabéh baroga kelompok, guru ngamimitian nunjuk perkelompok pikeun
nadom di hareup, guru méré peunteun ka unggal kelompok.
4. Kelompok nu peunteunna pangalusna dipaké conto nadom ka kelas
séjén nu baris nampa pangajaran nu sarua.
C. Maham Eusi Pupujian
No KAGIATAN
1. Guru nitah maca deui dua pupujian nu geus ditembangkeun ti heula,
nyaéta pupujian “Anak Adam” jeung “Tos Medal Bulan Purnama” sangkan paham kana eusina. Murid maca éta dua pupujian dina jero
haténa.
2. Guru ngajelaskeun tempat jeung irahana-irahana pupujian
dinadomkeun, murid matalikeun pikirinana kana nu kungsi kareungeu nadom pupujian di lingkungan padumukanana.
58
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
3. Geuru ngécéskeun papasingan pupujian dumasar kana eusi atawa
maksud nu dikandungna, murid matalikeun eusi pupujian “Anak Adam” jeung “Tos Medal Bulan Purnama”.
4. Murid bisa ngajawab pertanyaan ngeunan pupujian nu aya dina pakét
buku “Basa Sunda”, pertanyaanana ieu di handap. 1. Naon téma pupujian “Anak Adam” di luhur téh?
2. Ari pupujian “Tos Medal Bulan Purnama” naon deuih témana? 3. Saha nu dimaksud anak Adam dina pupujian di luhur téh?
4. Amanat naon nu dikandung dina pupujian “Anak Adam” di luhur
téh? 5. “Anak Adam paéh anjeun téh nyorangancul anak salaki jeung
babandaan”. Hég jéntrékeun maksud éta ungkara 6. Naon anu bakal nyaangan di jero kubur?
7. Naon eusi dina pada katilu pupujian Tos Medal Bulan Purnama? 8. Di mana jeung iraha ditembangkeunana pupujian téh?
9. Nurutkeun eusina, pupujian bisa dipasing-pasing jadi sabaraha
bagian? 10. Jelaskeun eusi pupujian Anak Adam nurutkeun pamangih hidep
5. Guru ngabahas jawaban murid sakaligus méré peunteun kana jawaban-
jawaban murid. Tina sapuluh jawaban murid, kira-kira kieu eusina: 1. Témana ngeunaan pati yén sakumna manusa bakal maot.
2. Dibabarkeunana Kangjeng Nabi Muhamad. 3. Urang saréréa, sakumna manusa.
4. Maot téh nyorangan jeung taya nu dibawa. 5. Ninggalkeun naon rupa nu dipikanyaan kaasup babandaan.
6. Maca Qur’an. 7. Nabi Muhamad kénging paréntah husus ti Gusti Alloh.
8. Di masjid jeung madrasah, saméméh solat berjamaah jeung bari
nungguan ustad. 9. Jadi opat bagian.
10. Hirup téh kudu bener sabab sakabéh turunan Adam bakal maot, di kubur moal aya nu nulungan kajaba amal soleh jeung tumut
kana paréntah agama.
59
Bab II
PITUDUH HUSUS
D. Wangun Pupujian