Nyusun Paguneman Jadi Wangun Skenario Drama

19 Bab II PITUDUH HUSUS 5 “Cik nempo euy PR basa Sunda nu minggu kamari,” omong Feri ka Landi ngarebut buku. Feri: ngarebut buku Cik nempo euy PR basa Sunda nu minggu kamari. Guru bisa nambahan tepi ka 10 soal kalawan variatif.

G. Nyusun Paguneman Jadi Wangun Skenario Drama

No KAGIATAN 1. Dina subtéma GNyusun Paguneman Jadi Wangun Skénario Drama, murid dibéré pancén pikeun ngarobah wacana paguneman tina wangun lancaran jadi paguneman wangun drama. 2. Guru ngasongkeun wacana ieu di handap anu kudu dirobah ku cara miceun tanda kekentengna bari suasana waktu lumangsungna paguneman bisa kagambarkeun. Édo geus tilu poé ... “Cik barudak sugan aya nu apal, ari Édo ka mana geus tilu poé?” saur Pa Eko, katingal socana niténan buku absén. “Teu damang, Pa,” Sutar haget mangjawabkeun. “Har, geuning teu ngirim surat...” waler Pa Eko, leuleuy. “Ngalempréh, Pa. Bujeng-bujeng tiasa ngadamel serat.” “Éh, ari Sutar, maksud Bapa téh kolotna, lain Édona Karasa naon, cenah, Tar?” “Saur sepuhna mah, pitipeseun, Pa” omong Sutar, teu kireum-kireum. Teu kaampeuh, ger téh murid sakelas sareuri. Untungna Pa Éko surti sarta gancang ngajéntrékeun naon nu dimaksud Sutar. “Lain pitipeseun atuh, Tar, gejala tipes meureun,” saur Pa Éko, leuleuy. “Leres ... muhun kitu maksad abdi téh,” jawab Sutar. “Beu, beu ... tina kadaharan atuh éta mah.Biasana mah balukar tambarakan bari keur kaayaan capé” “Sumuhun, Pa. Ti payun téh wangsul olah raga, teras Édo teh jajan rujak cuka, és, sirop.Waktos istirahat, anjeunna oge jajan baso, da lapar saurna téh teu sasarap heula,” Sutar, ngagorolang, nerangkeun. 20 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII Sabada ngareungeu omongan Sutar, derekdek Pa Éko nerangkeun yén kadaharan, kabersihan, jeung kaséhatan téh raket pisan patalina.Kadaharan téh bisa nyéhatkeun, ngadatangkeun tanaga, tapi ogé bisa ngabalukarkeun awak gering. Pa Éko ngawanti-wanti yén kadaharan téh kudu enya-enya beresih, ulah tambarakan komo bari jeung can kadasaran ku sangu heula. Cindekna, saur Pa Éko, urang téh kudu diajar ngabiasakeun hirup séhat, berséka, beresih, dahar dina waktuna sarta ulah ngalobakeun teuing jajan anu teu paruguh. “Engké Bapa rék ngalongok, anteur baé ku Sutar,” saur Pa Éko mungkas cariosanana. 3. Salian ti pancén di luhur, guru ogé nugaskeun murid pikeun migawé rupa-rupa latihan anu engkéna bakal dipeunteun sarta peunteunna didituliskeundina daptar peunteun tugas. Pancén latihanana di antrana ieu di handap Latihan 1 Ieu aya bahan keur paguneman, hég jieun dina karangan wangun lancaran saperti dina wacana “Indung jeung Anak” , saterusna robah jadi wangun skénario drama. Tilu urang siswa SMP keur anteng di warnét néangan bahan jang diskusi kelompok. Ari bahan nu ditéanganana nyaéta perkara pentingna miara lingkungan hidup.Loba bahan nu diunduh terus diprint. Tah, dina milih-milih bahan nu geus meunang ngeprint téa timbulna paguneman, tiluanana papada ngajukeun pamanggih pendapat. Latihan 2 Jieun ogé ieu bahan paguneman dina wangun skénario drama. Ngiritik kana karya seni dina paméran lukisan di Jalan Braga Bandung. Tokoh palakuna opat urang siswa SMP nyaéta Dani, Jéni, Winda, jeung Diani. Ari obyék lukisanana nyaéta lukisan pamandangan alam, diantarana dina éta lukisan katémbong aya sawah, leuweung, gunung, saung sawah, manuk, nu magawé, budak nu ngurek belut, jeung Ibu Tani ngélék boboko ngajingjing téko. Pék jieun paguneman di antara nu opatan husus nyaritakeun lukisan. 21 Bab II PITUDUH HUSUS Latihan 3 Jieun naskah paguneman nu ditulis dina wangun drama antara murid jeung guruna ngeunaan pentingna diajar basa Sunda. Dina ieu paguneman kudu enya-enya merhatikeun tatakrama basa anu merenah. Sing kagambar kumaha pamadegan guru kana basa Sunda, jeung kumaha deuih ari pamadegan siswa.

H. Ngawanohkeun Kekecapan