42
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
C. Medar Oray-orayan
No KAGIATAN
1. Murid geus ngaragakeun skénario naskah oray-orayan, dina bagian
C Medar Oray-orayan guru nerangkeun perkara ieu kaulinan. Dijéntrékeun yén ieu kaulinan téh kaasup kaulinan tradisional,
lokasi tempat arulinna, jeung leuwih popular pikeun barudak di pilemburan.
2. Guru nerangkeun yén kaulinan oray-orayan téh salian ti dikawihkeun
kudu diragakeun ku sabab kitu murid henteu cukup ngan apan ngawihkeunana wungkul. Pikeun maham ngeunaan ieu kaulinan,
murid dibéré kasempetan pikeun ngajukeun rupa-rupa panaya ka guru.
3. Guru ngajelaskeun yén dina prakna ngaragakeun kaulinan oray-orayan
henteu jiga latihan drama, tapi cukup baé salasaurang nu milu kana éta kaulinan méré pituduh sacara lisan.
D. Nembangkeun Kakawihan
No KAGIATAN
1. Dina bagian D Nembangkeun Kakawihan, guru nyebutan heula rupa-
rupa kaulinan anu sok dikawihkeun, murid ngabandungan kalawan saregep. Di antara kaulinan nu dikawihkeun téh nyaéta “Ambil-
ambilan”, “Eundeuk-eundeukan”, jeung “Prangpring”, salian ti “Oray-orayan” nu ti heula geus diajarkeun.
2. Kagiatan kadua guru nyontoan heula ngawihkeun “Ambil-ambilan”,
murid nurutan babarengan. Sangeus meunang sababaraha kali dicontoan, giliran murid babarengan ngawihkeun.
3. Guru nunjuk sababaraha urang murid bagilir ka hareup ngawihkeun,
guru ogé menerkeun sora murid anu kareungeu sumbang, Guru ngussahakeun sangkan murid enya-enya resepna kana kakawihan dina
kaulinan.
43
Bab II
PITUDUH HUSUS
4. Saterusna guru oge nyontoan ngawihkeun “Eundeuk-eundeukan”
jeung “Prangpring” anu saterusna diturutan ku sakumna murid. Ari léngkah-léngkahna sarua jeung ngajarkeun kakawihan “Ambil-
ambilan”.
5. Guru nerangkeun prakprakanana kaulinan “Ambil-ambilan”,
“Eundeuk-eundeukan”, jeung “Prangpring”, murid ngabandungan kalawan saregep. Saterusna guru nitah murid mraktékeun éta kaulinan
bari dikawihkeun di hareup, bagilir.
E. Ngawanohkeun Kekecapan
No KAGIATAN
1. Dina bagian E Ngawanohkeun Kekecapan, guru méré pamahaman ka
murid yén basa Sunda téh kaasup banda budaya nu kawilang beunghar. Loba istilah-istilah anu geus aya ngaranna, teu kudu nguyang ti basa
séjén. Guru méré conto sawatara istilah wanci waktu nu mindeng kapanggih dina lalaguan Sunda, saperti wanci sariak layung.
2. Saterusna guru ogé nyebutan rupa-rupa ngaran patempatan nu
mindeng kaanjangan ku murid tapi teu apal hartina. Kanjangan di dieu bisa dina harti mindeng kapanggih dina bacaan-bacaan saperti
dina dongéng, carita pondok, atawa novel. Murid ngaregepkeun kana sakur nu diterangkeun guru.
3. Guru ngajukeun pertanyaan anu ngahudang kanyaho murid, upamana
waé: Cik sebutan ngaran patempatan di sabudeureun pamatuhan hidep
Alternatif jawaban murid: pasar, mol, parapatan, lapang, terminal, gang, buruan, pangkalan ojég, sampalan, jsb.
4. Guru nyebutan istilah-istilah saperti sareupna, sareureuh budak, janari,
coréngcang tihang, jeung haneut poyan, murid bisa nyebutkeun waktuna. Upamana waé, sareupna kira-kira jam 6 soré, jst.. Guru nerangkeun
makna nu aya dina istilah-istilah wanci nu geus dipikanyo ku murid, upamana waé, sareureuh budak nyaéta mangsana budak mimiti hayang
saré, ari murid nyebutkeun kira-kira jam 8 peuting.
44
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
PANGAJARAN 5
DONGÉNG
A. Maca Dongéng Sasatoan