48
Pamekar Diajar BASA SUNDA
Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII
E. Tokoh Dongéng Siga Si Kabayan
No KAGIATAN
1. Dina ieu kagiatan, guru medar perkara dongéng-dongéng Si Kabayan
dina téma nu rupa-rupa. Maksudna, dongéng Si Kabayan téh kaasup dongéng serial, témana variatif. Guru ogé nyebutan sababaraha judul
dongéng Si Kabayan, saperti “Si Kabayan Ngala Tutut”, Si Kabayan Ngala Nangka”, “Si Kabayan Ngadeupaan Lincar”, “Si Kabayan Moro
Uncal”, jeung saterusna.
2. Guru ngajéntrékeun yén tokoh dongéng Si Kabayan téh fi ktif, taya
dikieuna tapi kawilang dipikaresep ku masarakat. Salasahiji cirina dongéng Si Kabayan tepi ka kiwari masih hirup di masarakat. Dina
ieu kasempetan murid dibéré lolongkrang pikeun tumanya Kagiatan saterusna guru ngantebkeun pamanggih murid ngeunaan karakter Si
Kabayan nu kagambar dina dongéng “Si Kabayan Marak”. Si Kabayan téh tokoh lucu, mahiwal teu parok jeung batur, tapi pinter sarta
kapinteranana terkadang bisa ngéléhkeun batur. Dina “Si Kabayan Marakat” ébréh saperti dina ieu cutatan: , “...néwak nilem keur sémah,
meunang tawés gedé keur sémah. Meunang kancra, kasedepna. Ari keur urang nu bobolokotna, ngan ukur beunteur jeung bogo”. Ku cara
gegeringan bari nyebutkeun yén lauk téh aya racunan nepi ka lauk beunang marak téh diborolokeun deui ka cai.
3. Guru ngajelaskeun ogé ajén-ajén atikan anu nyampak dina dongéng
saperti ajén kacerdasan, ajén moral, jeung ngandung pieunteungeun. Murid ngabandungan bari nyatet pangjéntré guru.
F. Maca Dongéng Sunan Gunung Jati
No KAGIATAN
1. Guru nyabit deui dongéng Si Kabayan saméméh ngamimitian maca
dongéng “Sunan Gunung Jati”. Saterusna murid sina muka buku pakét nu aya dongéng “Sunan Gunung Jati”, guru ngécéskeun yén Si
Kabayan jeung Sunan Gunung Jati papada tokoh jelema, ngan bédana Si Kabayan mah tokoh fi ktif, ari Sunan Gunung Jati tokoh nyata.
49
Bab II
PITUDUH HUSUS
2. Guru nitah maca dongéng Sunan Gunung Jati, murid maca kalawan
daria. Tina ieu pancén dipiharep murid meunang pamahaman kana eusi, jalan caritana.
3. Sanggeus dongéng dibaca, Guru méré tugas ngaringkes ieu dongéng
tur hasilna dipeunteun ku guru. Dina hasil pagawéan murid, guru méré catetan-catetan ngeunaan kakuranganana, upamana waé: ringkesan teu
lengkep, henteu ngaguluyur, jst.
4. Léngkah kaopat guru nunjuk murid ka hareup nitah ngadongéngkeun
deui Sunan Gunung Jati maké basana sorangan. Guru ngaping dongéng murid, utamana dina milih kekecapan atawa kalimah anu kurang
merenah. Murid nu kagiliran ka hareup teu kawatesanan jumlahna, diluyukeun jeung waktu.
5. Dina kagiatan ka-5, guru méré pancén nyatetkeun kekecapan anu teu
dipkaharti ku murid sarta bagian tina diajar néangan harti tina kamus. Ku lantaran kitu, murid ogé ditugaskeun pikeun muka kamus bari
dibéré pituduh-pituduh praktis.
G. Kajembaran Basa