Ngalarapkeun Kecap BUKU GURU SUNDA KLS 7 2014

30 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII

F. Ngalarapkeun Kecap

No KAGIATAN 1. Dina bagian F Ngalarapkeun Kecap, murid sina maca wacana bari niténan kecap-kecap nu teu dipikahartina. Guru nerangkeun harti kecap beunang niténan murid, guru ogé ngécéskeun kecap-kecap nu hartina ngalegaan jeung ngaheureutan. 2. Guru ngébréhkeun kecap-kecap nu hartina ngalegaan, jeung kecap- kecap nu hartina ngahreutan, ieu contona: - Kecap nu ngalegaan:aa, emang, bibi, akang,jeung dunya. - Kecap nu ngaheureutan: sarjana, motor, kitab, gorombolan, jeung oknum. Eta kecap-kecap dijelaskeun ku guru pangna ngalegaan jeung ngaheureutan. 3. Dina bagian ieu, murid sina ngalengkepan kalimah ku cara milih kecap-kecap nu aya dina bagian 2 di luhur. 1 Aya bibi nu ngasuh pun adi mah. 2 Ari emang balanja ti pasar mana? 3 Diheupheup téh si aa mah kalah maju. 4 Dupi akang linggih di mana? 5 Batur mah nyiar dunya téh bélaan teu saré. 6 Calon anggota DPR téh nyumbang kitab ka pasantrén. 7 Jalan téh macét ku motor, mani rabeng jiga siraru. 8 Sanggeus jadi sarjana manéhna jarang balik ka lembur. 9 Aya oknum nu teu tanggungjawab di kantor téh. 10 Pun bapa mah lahir jaman keur genting gorombolan. G. Ngalarapkeun Babasan No KAGIATAN 1. Saméméh nincak kana ngalarapkeun babasan dina omongan atawa kalimah, guru ngécéskeun heula perkara babasan saperti nu kaunggel dina buku murid. Saterusna guru ngajukeun pertanyaan lisan, pertanyaanana saperti kieu: - Cik saha nu apal, salian ti babasan nu aya dina buku, babasan naon deui? - Naon harti babasan gedé hulu, panjang leungeun, jeung tiis leungeun? 31 Bab II PITUDUH HUSUS 2. Guru ngajelaskeun yén babasan téh lain ngan sakadar apalkeuneun, tapi kudu dilarapkeun dina omongan atawa kalimah.Guru méré tugas ka murid pikeun ngeusian kalimah ku cara milih babasan anu cocog dina buku murid. 1 Lantaran telat, atuh ngégél curuk datang ka ditu téh. 2 Budak téh ipis biwir diheureuyan sakitu waé ceurik. 3 Abong boga motor anyar, manigedé huluteu nanya. 4 Ngadéngé béja babaturnana maot, méh sakelas hujan cipanon. 5 Nu rumasa amis daging mah sing ati-ati ulah tepi ka kakeureut. 6 Sing tarapti barang teundeun téh bisi aya jelema panjang leungeun . 7 Angger sok kabitaan ku dahareun nu aya di batur, dasar laér gado. 8 Bubuhan tiis leungeun, melak naon-melak naon téh teu weléh jadi waé. 9 Dasar jelema kandel kulit beungeut, sakitu geus meunang bagian, masih ménta kénéh. 10 Tabungkeun atuh ari boga duit téh ari rumasa lésang kuras mah. 3. Dina kagiatan ka-3, murid sina ngahartikeun babasan ku cara néangan sumber tina buku séjén, boh tina kamus boh tina buku kumpulan babasan atawa nanyakeun ka jalma nu dianggap bisa di padumukanana séwang-séwangan. 1 buntut kasiran = korét 2 élmu sapi = samiuk kana kagoréngan 3 hampang birit = daékan 4 heuras létah = omonganana sugal 5 indit sirib = indit saréréa 6 katuliskeun jurig = asalna tina heureuy jadi enyaan 7 pucuk awian = teu panceg pikiran 8 jelema pasagi = loba kaboga jeung kabisana 9 gurat cai = cidra kana jangji 10 élmu tumbila = pribumi ngarugikeun sémah 32 Pamekar Diajar BASA SUNDA Buku Tuturus Guru SMPMTs Kelas VII

H. Ngalarapkeun Kapamalian